Ngasuh Tari Jaipong, Memey : Hoyong Ngamumule Seni Sunda

- 4 Februari 2023, 20:30 WIB
 Memey jeung barudak asuhanna.*
Memey jeung barudak asuhanna.* /SOPANDI/

GALURA- Geus lima taun, Memey nepakeun pangaweruh widang seni tari jaipong di Sanggar Tari Jaipong jeung Lingkung Seni Sakanca.

Ieu padepokan seni teh perenahna  di Desa Batukarut, Kecamatan Arjasari, Kabupaten Bandung.

Baca Juga: Ketak 25 Taun Komunitas Celah Celah Langit, Ngawujudkeun Komunitas Minangka ‘Rumah Keluarga’

Saméméh Sasalad  Covid-19, nu keurseus tari jaipong di Sanggar Seni Jaipong Sakanca teu kurang ti 100 urang.

Meh dua taun kateug, nuluykeun deui  sanggeus  kaayaan normal. Ayeuna nu milu latihan   di Sanggar Sakanca aya kana 70 urang-na. 

Baca Juga: Pesona Taman Puspa jeung Kampung Ciherang, Dua Tempat Wisata Instagramable di Tanjungsari, Sumedang

Sanggar Sakanca ayeuna geus teu ngadatangkeun palatih tari, sabab sajumlah panari hasil didikan Memey geus bisa nepakeun widang tari ka entragan anyar. 

 

"Tos tiasa  ngajarkeun deui tari. Tos tiasa milari artos nyalira, mulangkeun modal, " ceuk Memey dibarung banyol, basa tepung dina hiji acara di Kecamatan Pemeungpeuk, Saptu (4/2/2023). 

Baca Juga: Di Desa Tugumulya, Runtah Bisa Dipake Mayar Pajeg

Halaman:

Editor: Ajun Mahrudin


Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x