GALURA - Pesona Taman Puspa jeung Kampung Ciherang, kitu katelah dua tempat wisata di Kacamatan Tanjungsari, Sumedang, Jawa Barat teh.
Pesona Taman Puspa jeung Kampung Ciherang teh minangka wisata alam nu ngadeg ku kamotekaran nu ngokolakeunana.
Samemehna, tempat nu ayeuna jadi Pesona Paman Puspa jeung Kampung Ciherang, ngan ukur mangrupa leuweung atawa kebon wungkul, anu kabawah ku PT Perhutani.
Sabada diropea kalawan daria antukna ngajangelek jadi tempat wisata alam nu endah, matak betah jeung instagramable kacida.
Tapi ngajangelekna jadi tempat wisata nu endah kawas ayeuna teh teu sakaligus alias nungtut.
Naon wae kaunggulan Peson Taman Puspa jeung Kampung Ciherang?
Pesona Taman Puspa
Nurutkeun catetan, ieu tempat wisata kaasup anyar ngadegna di Tanjungsari.