Kawah Putih di Gunung Patuha Kungsi Dianggap Puseur Karajaan Jin, Ayeuna Jadi Destinasi Wisata Unggulan.

- 4 Februari 2023, 09:30 WIB
Kawah Putih di Gunung Patuha Ciwidey Kabupaten Bandung tadina diangggap sanget tara aya nu wanieun ngalanto ka dinya. Ayeuna jadi objek wisata.
Kawah Putih di Gunung Patuha Ciwidey Kabupaten Bandung tadina diangggap sanget tara aya nu wanieun ngalanto ka dinya. Ayeuna jadi objek wisata. /

GALURA -Kawah Putih di Gunung Patuha Ciwidey Kabupaten Bandung ku masarakat sabudeureunana kungsi dipercaya puseur karajaan jin jeung tempat ngariungna roh luluhur.

Cenah ku sangetna Kawah Putih di Gunung Patuha pedah jadi puseur karajaan jin, sasatoan ogè euweuh nu wanieun ngulampreng. Ceuk cenah deui, manuk anu calutak hiber di puncak Gunung Patuha dumadakan ragrag tuluy paèh.

Leuwih ti saabad kalarung, Kawah Putih di Puncak Gunung Patuha dianggap sanget ku masarakat satempat. Taya saurang ogè nu ludeung ngulampreng ka ieu gunung, komo ka ponclotna mah lantaran dipercaya puseur karaajaan jin.

Baca Juga: Endog Lewo Kuliner Has Garut, nu Mimiti Nyieunna Haji Amin Urang Kampung Lewo, Sangkan Sampeu Teu Mubadir

Bangsa deungeun mah teu percayaeun Kawah Putih di Gunung Patuha nu cenah puseur karajaan jin teh. Tina kituna, hiji ahli geologi blasteran Walanda-Jerman, Dr. Franz Wilhelm Junghuhn, laha-loho ka lebah nu dianggap sanget di

Gunung Patuha
Waktu ngalanto ka Bandung kidul, di sabudeureun tutugan Gunung Patuha, Junghuhn ngarasakeun kaayaan anu tiiseun jeung geueuman. Teu manggihan sasatoan ilaharna di leuweung.

Kajurung ku kapanasaran, Junghuhn nanyakeun ka warga satempat ku naon pangna lelewek Gunung Patuha tiiseun pisan, teu kadenge sora manuk sora manuk acan.

Masarakat nyebutkeun ponclot Gunung Patuha tèh tempat ngariungna arwah para luluhur jeung puseur karajaan jin tepi ka kacida sanget. Lantaran kitu sasatoan ogè euweuh nu ngulampreng ka lelewek èta.

Baca Juga: Burayot atawa Ngaburayot, Kuliner Amis Has Garut nu Wangunna Kawas 'Taeun', Kieu Cara Nyieunna

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x