Ngabagéakeun Menparékraf Sandiaga Uno, Bupati Bandung Ménta Dukungan Adegkeun 100 Désa Wisata

- 23 Januari 2023, 02:40 WIB
Bupati Bandung Dadang Supriatna ngabagéakeun Menparékraf RI Sandiaga Salahuddin Uno nu ngadongdon Wisata Alam Citalutug Kecamatan Arjasari.*
Bupati Bandung Dadang Supriatna ngabagéakeun Menparékraf RI Sandiaga Salahuddin Uno nu ngadongdon Wisata Alam Citalutug Kecamatan Arjasari.* /(SOPANDI/Galura Pikiran Rakyat.com).

GALURA - Bupati Bandung Dadang Supriatna dina taun 2022 geus ngadegkeun 50 désa wisata. Dina taun 2023 rék ngadegkeun deui 50 désa wisata.

Baca Juga: Gunung Galuh Ciamis, Tempat Ngabungbang Bupati Ciamis Jaman Baheula, Ayeuna Dipopohokeun

"Urang narékahan nyiptakeun 100 désa wisata pikeun kamajuan masarakat di Kabupatén Bandung. Ku kituna, sim kuring miharep aya dukungan tur pituduh ti Kang Menteri Sandi,"  ceuk Dadang Supriatna basa ngabagéakeun Menteri Pariwisata dan Ékonomi Kréatif (Menparékraf) RI Sandiaga Salahuddin Uno nu ngadongdon wisata alam Citalutug Désa Baros Kecamatan Arjasari, Ahad (22/1/23) soré.

Kadatangan Sandiaga ka Arjasari dina raraga  sawala jeung para palaku pariwisata jeung ékonomi kréatif Kabupatén Bandung.

Hadirna Sandiaga, numutkeun Dadang, nambahan sumanget pikeun ngamajukeun wisata alam di Kabupatén Bandung, kaasup pangembangan ékonomi kréatif.

Baca Juga: Muka Munas II, Bupati: OpenDesa Ngaronjatkeun Poténsi Wilayah liwat Informasi

Keur ngadukung désa wisata di Kabupatén Bandung, ceuk Dadang, aya kana 16.000 palaku UMKM. Pemkab Bandung terus ngarojong pangembangan UMKM ku cara nyadiakeun injeuman dana bergulir teu bungaan jeung taya jaminan kalawan alokasi dana Rp 40 miliar dina taun 2022 tur Rp 30 miliar taun 2023.

"Targét urang nyiptakeun 35.000 palaku UMKM. Danget ayeuna geus aya 13.000 lapangan gawé anyar liwat program injeuman ieu," ceuk Dadang Supriatna.

Menparekraf RI Sandiaga Uno nétélakeun, pihakna nyeueung Kabupatén Bandung kacida daria dina mekarkeun pariwisata jeung ékonomi kréatif. Ieu téh cenah poténsi nu kacida luar biasa, sabab  kaéndahan déstinasi jeung produk ékonomi kréatifna kacida ngadukung.

Halaman:

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x