Di Karamat Talun Mbah Kuwu Sangkan di Cirebon Girang, Teu Weleh Loba nu Jaroh

- 9 Januari 2024, 13:00 WIB
Karamat Talun  wisata religi di Kabupaten Cirebon, pernahna di Desa Cirebon Girang, Kecamatan Talun
Karamat Talun wisata religi di Kabupaten Cirebon, pernahna di Desa Cirebon Girang, Kecamatan Talun /Nanang S/galura.co.id

 

GALURA.Co.ID -Karamat Talun teh salasahiji wisata religi di Kabupaten Cirebon, pernahna di Desa Cirebon Girang, Kecamatan Talun. Unggal malem Jumaah, babakuna malem Jumaah Kaliwon teu weleh loba nu jaroh ka Kemarat Talun. Kitu deui dina maleman taun anyar kalender Jawa, malem tanggal 1 Suro atawa maleman 1 Muharam.

Anu disebut Karamat Talun teh patilasan Walangsungsang atawa Cakrabuana. Ku urang Cirebon saterusna dilandi Mbah Kuwu Sangkan. Nu matak dina plangna oge ditulis  Cakrabuana Mbah Kuwu Sangkan, henteu ukur ditulis Cakrabana wungkul atawa Mbah Kuwu Sangkan wungkul. Karamat Talun teh patilasan lain makam.

Ceuk sakaol ku sabab nu jaroh mindeng tahlilan, saterusna patilasanana disebut Talum. Talun teh asalna tina kecap Tahlilun atawa Tahlil. Pangna patilasanana oge loba nu ngajarohan lantaran Mbah Kuwu Sang­kan teh nu naratas dibentukna pamarentahan di wewengkon Cirebon sarta nu ngabangun Cirebon.

Baca Juga: Pangndaran Ayeuna Kota Pangjujugan Wisatawan

Ceuk urang Coirebon, Mbah Kuwu Sangkan seuweu Sri Baduga Maharaja ti  Subanglarang. Ari Subanglarang siwi Ki Ge­deng Tapa, panguasa di basisir kaler Cirebon.  Subanglarang geus ngagem agama Islam, santrina Syeh Quro di Karawang. Nu matak teu aneh mun aya nu nyebutkeun Sri Baduga teh ngagem agama Islam.

Moal mungkin Subanglarang daekkeun dipihukum  ku Sri Baduga mun Sri Baduga teu ngagem Islam. Teu meunang hiji wanoja muslim kawin ka lalaki non muslim. Di Pakuan Pajajaran, Subanglarang angger ngajalankeun ajaran agama Islam, kaasup ka seuweu-seuweuna: Walangsunsang, Larasantang jeung Raja Sagara.

Ninggalkeun Pakuan Pajajaran oge udaganana keur leuwih neuleuman agama Islam, bareng jeung adi-adina. Sabot ngajugjug ka Cirebon, Walangsungsang jeung adi-adina sumarimpang, di antarana ka Gunung Cakrabuana jeung ka Gunung Marapi di Rajadesa Ciamis. Di Gunung Marapi jadi murid Danuwarsih.

Walangsungsang ngadahup ka siwi Danuwarsih nu ngaranna Endang Geulis sarta dibawa ngumbara ka Cirebon. Siwina  ngaranna Nyi Mas Pakungwati sarta dipihukum ku alona, ku Syarif Hidayatullah (Sunan Gunung Djati). Syarif Hidayatullah teh seuweu Rara Santang nu waktu munggah haji meunang jodo ka urang Mesir.

Baca Juga: Tarzan Bengkulu ti Ciparay Kabupaten Bandung di Leuweung Dibaturan Welasan Anjing

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x