Di Karamat Talun Mbah Kuwu Sangkan di Cirebon Girang, Teu Weleh Loba nu Jaroh

- 9 Januari 2024, 13:00 WIB
Karamat Talun  wisata religi di Kabupaten Cirebon, pernahna di Desa Cirebon Girang, Kecamatan Talun
Karamat Talun wisata religi di Kabupaten Cirebon, pernahna di Desa Cirebon Girang, Kecamatan Talun /Nanang S/galura.co.id

Di Cirebon ngadegkeun karaton Pa­kungwati di Lemah Wungkuk. Pakungwati teh ngaran siwi Walangsungsang ti bojo lianna. Karatonna nyanghareup ngidul. Eta tanda Walangsungsang teu poho ka wiwitanana, ka Galuh jeung ka Pajajaran. Kara­ton Pakungwati ayeuna mah tinggal ruruntukna.

Tadina Cirebon jadi bawahan Pajajaran. Walangsungsang dibenum jadi panguasa wilayah oge ku Sri Baduga. Ngan sanggeus Cirebon dicangking ku Sunan Gunung Djati, bari meunang pangdeudeul ti Demak sa­terusna Cirebon misahkeun maneh ti Pajajaran. Malah ngarebut Sunda Kalapa ti Pajajaran.***

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x