KF Holle Urang Walanda nu Nerbitkeun Buku-Buku Basa Sunda

- 7 Mei 2024, 18:30 WIB
Replika tugu Holle di perkebunan Giriawas di Cikajang Kabupaten Garut.
Replika tugu Holle di perkebunan Giriawas di Cikajang Kabupaten Garut. /

GALURA.CO.ID -Enya, lain urang Garut Karrel Frederic (KF) Holle téh, tapi urang Walanda. Ngan waktu jumenengna, Holle téh gedé pisan katineungna ka urang Garut hususna, ka masarakat pribumi umumna. Holle téh geus teu siga urang Walanda, babakuna dina ucap jeung lampah, tapi cara umumna urang Sunda baé. Boh dina paripolahna boh dina nyaritana.

Ku urang Garut, KF Holle téh sok disebut Tuan Hola, atawa Tuan Holle dilahirkeun di Amsterdam, taun 1829. Taun 1845, Holle dibawa bubuara ku kolotna ka Pulo Jawa. Bapana tuluy digawé di perkebunan Balong. Tapi taun-taun munggaran hirupna di Pulo Jawa, keur Holle mah jauh pisan tina kasenangan, lantaran musibah tuluy-tuluyan neregteg kulawargana.

Bapana jeung bibina maraot teu lila sabada nganjrek di Jawa. Kitu deui dulur-dulurna réa nu maraot di perkebunan. Holle ahirna dititipkeun ka Gubernur Jenderal Hindia Walanda nu ngantor di Istana Bogor. Nepi ka umur 18 taun, Holle dididik di dinya. Sanggeus dianggap mampuh, Holle tuluy digawékeun jadi sekretaris di kantor pamaréntah.

Sabada dibéré modal ku dulurna, Holle muka perkebunan entéh di Cikajang, Garut. Éta kébon entéh téh dingaranan “Waspada”. Nya waktu di Garut, Holle tepung jeung R.H. Muhamad Musa, anu harita jeneng Panghulu Garut. Duanana tuluy sosobatan dalit pisan nepi ka kolot, malah jadi dwitunggal anu boga cita-cita hayang ngaraharjakeun jeung ningkatkeun darajat kaom pribumi.

Di antara tarekah KF Holle téh ngadegkeun sakola Guru di Bandung, taun 1866, ngadegkeun perpustakaan, sarta ngaluarkeun buletin anu dingaranan Mitra Noe Tani. Luyu jeung ngaran buletinna, dina Mitra Noe Tani, Holle ngajarkeun ka masarakat kumaha carana tatanén anu hadé jeung matak mucekil hasilna. Lian ti éta ngajarkeun kumaha muka usaha.

Mitra Noe Tani oge mindeng ngamuat rupa-rupa puisi jeung dongéng Sunda pikeun numuwuhkeun minat baca masarakat. Holle boga kamandang sangkan bangsa pribumi maju, bangsa pribumi kudu resep maca. Maca teh jandela kamajuan. Ceuk Holle, ku resep maca, bangsa pribumi jadi leuwih loba pangaweruhna jeung luangna.

Sakapeung Holle lain ngan méré informasi, tapi ancrub langsung ka masarakat pikeun méré pituduh dina rupa-rupa kagiatan, kumaha cara tatanen, miara ingon-ingon jeung sajabana. Teu anéh lamun harita Garut jadi daérah anu kaitung maju, boh dina widang tatanén boh dina widang atikan. Garut ngajanggelek jadi daerah nu ngajaul di antara daerah sejenna.

Holle kungsi rék diangkat jadi Residén Priangan, tapi nolak, Tapi waktu diangkat jadi penaséhat pamaréntah dina urusan masarakat pribumi mah  ku Holle ditarima. Lian ti éta, Holle ogé ngayakeun rupa-rupa panalungtikan ngeunaan sejarah jeung kabudayaan Sunda jeung Jawa. Tulisan-tulisanana réa dimuat dina majalah nu aya jaman harita.

Holle ogé nerbitkeun rupa-rupa buku, babarengan jeung R.H. Muhamad Musa, keur bacaeun barudak sakola. Kituna téh bari teu ingkah ti Waspada, tempat usahana. Holle dianggap urang Walanda munggaran  nu ngamedalkeun buku-buku basa Sunda kalayan tujuanana keur minterkeun urang Sunda jeung ulah ngagugulung tahayul.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah