Nitènan Tempat Rekapitulasi Suara Pemilu nu Katarajang Angin Lilimbungan, Bupati Bandung Mastikeun Surat Suara

- 23 Februari 2024, 06:30 WIB
Bupati Bamdung, Dadang Supriatna ngalongok gudang tempet rekapiitulasi tingkat Kecamatan Cicalengka sabada kajadian angin lilimbungan kamari.
Bupati Bamdung, Dadang Supriatna ngalongok gudang tempet rekapiitulasi tingkat Kecamatan Cicalengka sabada kajadian angin lilimbungan kamari. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID - Angin lilimbungan nu tumiba ka wewengkon Kecamatan Cicalengka, Kabupaten Bandung, Rebo, 21Pebruari 2024 kamari, sajaba ti nguwak-ngawing sajumlah wangunan, ogè kungsi ngaganggu kana proses ngitung soara Pemilu tingkat Kecamatan Cicalengka.

Bupati Bandung Dadang Supriatna nitènan langsung lokasi nu keuna balukar angin lilimbungan di Kecamatan Cicalengka, di antarana Gedung Language Educatuon Centre (LEC) nu digunakan tempat rekapitulasi soara Pemilu 2024 di tingkat Kecamatan Cicalengka, di Jalan Raya Rancaekek-Cicalengka sakira jam 19.30 poè èta kènèh.

Dadang supriatna nètèlakeun, dirina turun langsung ka lapangan pikeun ngecek jeung ngalakukeun assesment patali karuksakan jeung mantuan ngungkulan sagancangna ku dana Bantuan Tidak Terduga (BTT).

Baca Juga: Bhabinkamtibmas Polsek Maja Aub Gotong Royong Ngomean Makom Kramat di Desa Cihaur Majalengka

"Prinsipna, logistik pemilu di Gedung LEC nu dianggo gudang logistik PPK Cicalengka sajumlah 12 desa dina kaayaan aman," ceuk Dadang Supriatna.

Ceuk Dadang Supriatma waktu  rekapitulasi karèk hiji desa, kaburu kajadian angin lilimbungan nu ngalantarankeun lalangit gudang logistik PPK Cicalengka bocor.

"Namung, logistik surat suara ayeuna tos diamankan di gudang nu langkung steril sareng dina kaayaan dilonci, aman," ceuk Bupati Dadang Supriatna.

Ku kaayaan kieu, sawatara perhitungan suara dieureunkeun heula gepi ka isuk. Ceuk Dadang Supriatna, isuk-isulk dilakukan konsolidasi deui ti pihak PPK,  KPU jeung Bawaslu keur nuluykeun penghitungan suara..

Alatan angin lilimbungan, tatangkalan nu raruntuh, jeung kakayon nu pasolengkrah di Jalan Raya Bypass Rancaekek-Cicalengka. Geus diungkulan ku Tim Rescue Cicalengka jeung Dinas Pemadam Kebakaran dan Penyelamatan Kabupaten Bandung. *** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x