Bhabinkamtibmas Polsek Maja Aub Gotong Royong Ngomean Makom Kramat di Desa Cihaur Majalengka

- 22 Februari 2024, 18:30 WIB
Gotong royong ngahadean makom kramat di Desa Cihaur, Maja, Kabupaten Majalengka (22/02/2024)
Gotong royong ngahadean makom kramat di Desa Cihaur, Maja, Kabupaten Majalengka (22/02/2024) /Ayank/galura.co.id


GALURA.CO.ID -Bripka Jojo, Bhabinkamtibmas Desa Cihaur ti Polsek Maja Polres Majalengka Polda Jabar, aub dina  gotong royong ngomean makom kramat di Blok Sindangmangu, Desa Cihaur, Kecamatan Maja, Kabupaten Majalengka, Kemis (22/02/2024).

Bhabinkamtibmas Bripka Jojo ngungkabkeun salian ngajaga situasi Kamtibmas, pulisi oge boga peran aktif dina kagiatan gotong royong katut rempug gawe jeung masarakat.

"Salian ngajagi situasi Kamtibmas, simkuring katut rengrengan sauyunan sareng masyarakat ngawujudkeun Polri anu humanis, di antawisna ku rempug gawe, gotong royong, sareng warga desa binaan," ceuk Bripka Jojo.

Baca Juga: Kapolsek Sukahaji jeung Danramil Sukahaji Ngaluuhan Rapat Pleno Rekapitulasi Soara Pemilu 2024

Ayana pihak kapulisian dina kagiatan gotong royong ngabantu ngawangun guyubna jeung masarakat. Hal ieu jadi sarana efektif sangkan paham kana pangabutuh tur dinamika masarakat satempat. Malahmandar pulisi bisa mere pangladen nu leuwih hade.

Kapolres Majalengka AKBP Indra Novianto, S.I.K., M.Si., CPHR, ditepikeun ku Kapolsek Maja, AKP Kenedy Joko Lelono, ngapresiasi hal positip partisipasi Bhabinkamtibmas Bripka Jojo dina kagiatan gotong royong.

Ceuk inyana, hal ieu saluyu jeung arahan Kapolres Majalengka AKBP Indra Novianto, nu ngutamakeun pentingna sinergi jeung aubna pulisi di jero kahirupan masarakat.

"Naon nu dilaksanakeun ku Bhabinkamtibmas parantos leres tur saluyu sareng atensi Bapa Kapolres. Urang sadaya hoyong satiap anggota pulisi ngaraketkeun sinergi tur guyub sareng warga dina hirup kumbuh jeung masarakat. Hal eta supados  Harkamtibmas nu aman tur kondusif," ceuk AKP Kenedy Joko Lelono.

Dipiharep ku ayana kaguyuban tur sauyunan aubna pulisi dina kagiatan masarakat, hubungan antara pulisi jeung warga bisa leuwih raket. Ku kituna  tugas ngajaga Kamtibmas bisa lumangsung leuwih efektif.*** Ayank R Sambara

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x