Kapolsek Sukahaji jeung Danramil Sukahaji Ngaluuhan Rapat Pleno Rekapitulasi Soara Pemilu 2024

- 22 Februari 2024, 17:21 WIB
Rebo peuting (21/02/2024), Kapolsek Sukahaji jeung Danramil Sukahaji Ngaluuhan Rapat Pleno Rekapitulasi Soara Pemilu 2024.
Rebo peuting (21/02/2024), Kapolsek Sukahaji jeung Danramil Sukahaji Ngaluuhan Rapat Pleno Rekapitulasi Soara Pemilu 2024. /Ayank /galura.co.id

GALURA.CO.ID - Kapolsek Sukahaji Polres Majalengka, AKP Erik Riskandar, jeung Danramil Sukahaji, katut Camat Sukahaji, ngaluuhan rapat pleno rekapitulasi soara Pemilu 2024 di tingkat Panitia Pemilihan Kecamatan (PPK) Sukahaji, Kabupaten Majalengka, Rebo peuting (21/02/2024).

Tumorojogna Kapolsek Sukahaji, Danramil Sukahaji Kapten Inf. Nana Rusmana, jeung Camat Sukahaji Anih Rehnawati dina rapat rekapitulasi nembongkeun sinergitas antara TNI-Polri jeung Pamarentah Kecamatan Sukahaji dina nyiptakeun kaamanan salula palaksanaan Pemilu 2024.

Hal ieu diungkabkeun ku Kapolres Majalengka Polda Jabar, AKBP Indra Novianto, ditepikeun ku Kapolsek Sukahaji, AKP Erik Riskandar, nu netelakeun, “Sinergitas TNI-Polri kawilang penting dina nyiptakeun kaamanan salami pelaksanaan Pemilu 2024.”

Baca Juga: TNI Polri Sinergi Jaga Kaamanan, Nyinglar Potensi Pasualan Rekapitulasi Soara Pemilu 2024 Tingkat PPK Sukahaji

Polsek Sukahaji jeung Koramil katut Camat Sukahaji bakal tuluy hadir keur mastikeun sakumna proses pesta demokrasi,  Pilpres jeung Pileg 2024, lumangsung aman tur kondusif. Satiap tahapan Pemilu bakal diamankeun sacara maksimal ku aparat kaamanan.

“Simkuring saparaknca bakal ngawal jalanna pesta demokrasi dugi ka sadaya tahapan rengse. Ku kituna dipiharep Kecamatan Sukahaji tetep aman oge tengtrem,” ceuk Kapolsek Sukahaji, AKP Erik Riskandar.

Sinergitas antara TNI jeung Polri, dipiharep proses Pemilu 2024 bisa lumangsung kalayan lungsur-langsar. Oge mere kapercayaan ka masarakat tina hasil anu sah tur adil.

"Ku ayana sinergi antawis TNI sareng Polri, dipiharep proses Pemilu 2024 tiasa lumangsung kalayan lungsur-langsar, sareng masihan kapercantenan ka masarakat tina hasil anu sah tur adil," ceuk Kapolsek. *** Ayank R Sambara

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah