Ngalongok Kantor KPU, Dandim Kuningan: Pemilu Ulah Gimir, Caleg Unggul Ulah Jumawa, Nu Éléh Ulah Leutik Haté

- 20 Februari 2024, 11:23 WIB
Dandim 0615/Kuningan ngalongok KPU,Senén, 19 Fébruari 2024.*
Dandim 0615/Kuningan ngalongok KPU,Senén, 19 Fébruari 2024.* /Ajun Mahrudin/

GALURA-Komandan Distrik Militer (Dandim) 0615/Kuningan Létnan Kolonél (Létkol) Bambang Kurniawan, Senén, 20 Fébruari 2024, ngalongo Kantor  KPU Kabupaten Kuningan, anu perenahna di Jalan Jenderal Sudirman, lelewek Kelurahan Awirarangan, Kecamatan Kuningan.

Inyana méré sumanget hususna ka réngréngan KPU Kabupatén Kuningan, anu kiwari keur ngalakonan tahapan rekapitulasi penghitungan suara, sabada ngalakonan pemungutan suara dina 14 Fébruari 2024.

Ceuk Bambang, KPU henteu kudu gimir dina ngalakonan pancén. Anu leuwih utamana mah bisa ngalakonan pancén sacara profésional, luyu reujeung katangtuan aturan jeung perundangan-undangan pemilu.

“Lakonan pancén gawé sacara profesional, luyu katangtuan anu lumaku,” ceuk Bambang.

Bambang oge miharep para peserta pemilu, hususna caleg sabar ngadagoan hasil sidang pléno pemungutan suara.

Ceuk Bambang, upama aya diantara caleg anu kiwari geus mikanyaho unggul ulah jumawa.

Pon kitu pikeun caleg anu sorana leutik ulah leutik haté. Sabab réa jalan pikeun ngabdi ka nagara ku cara pancén séjén.

Editor: Ajun Mahrudin


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x