Mohamad Gilang Jaya Handika, S. Sn, Dalang ti Lingkung Seni Giri Medal Rahayu

- 30 April 2024, 09:00 WIB
Pagelaran wayang golek dalang Gilang Andika.
Pagelaran wayang golek dalang Gilang Andika. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Mohamad Gilang Jaya Handika, S.Sn ngokolakeun Lingkung Seni Giri Medal Rahayu ti taun 2014. Nuluykeun bapama, Asep Hidayat, nu ogè seniman wayang golek.

Gilang ancrub ngulik padalangan ti taun 2015. Karek ngawanikeun manèh manggung taun 2017 basa keur di semester 5 ISBI Bandung. Munggaran manggung di lemburna, Sadang Desa Margahayu Tengah, Kecamatan Margahayu, Kabupaten Bandung dina acara agustusan.

Dina widang seni Sunda sèjènna mah Gilang geus pada mikawanoh. Jajaka nu digumelarkeun di Bandung 25 Agustus 1996 teh remen jadi pinunjul dina festival tembang Sunda. Kitu deui luangna dina pagelaran ngabagèakeun gegeden satingkat presiden jeung wakil presiden.

Gilang aktif di Daya Mahasiswa (Damas), Pangurus Pusat DAMAS, Pangurus Cabang DAMAS Kota Bandung 2014-2019. Cabang DAMAS Kabupaten Bandung 2020- tepi ka ayeuna, Penulis Naskah Drama Tari Wayang Wong ISBI Bandung taun 2022 tepi ka ayeuna.

⁠Komposer Musik Tari di pirang-pirang sanggar di Jawa Barat dina FLS2N ti taun 2020 tepi ka ayeuna, ⁠Komposer Musik Tari rupa- rupa sanggar di Jawa Barat pikeun World Dance Day taun 2024 di Solo.

Sajaba faktor genetik ti nu jadi bapa, nu ngalantarankeun Gilang kapincut ancrub jadi dalang wayang golek sabab aya faktor X nu ceuk inyana susah dijelaskeun. " Namung hal ieu kalintang nyurung simkuring langkung micinta kana seni wayang golek, " pokna.

Can pati dipiwanoh

Wayang golek di LS Gilri Medal Rahayu, ceuk Gilang, can pati dipiwanoh ku masarakat, tepi ka jadwal manggungna teu bisa ditangtukeun. Aya hiji dua ogè masih kènèh ngandelkeun kadeuheusan relasi.

Upamana baè dina acara Milangkala ka-383 Kabupaten Bandung, tingkat Kecamatan Margahayu can lila ieu Harita Gilang mawakeun lalakon Dewa Nurcahya.

Lalakon ieu, ceuk Gilang nyaritakeun tokoh Semar nu gering parna, tuluy dipergasa ku Arjuna, ku dununganana, ari dina pakemna mah Arjuna teh teu gampang kapangaruhan ku nu sejen, komo kudu tepi ka kolu mergasa rayat deuheusna.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah