19 Patugas Panyelenggara Pemilu di Kabupaten Bandung Tilar Ahli Warisna Menang Santunan BPJS Ketenagakerjaan

- 20 Februari 2024, 17:25 WIB
Bupati Bandung, Dadang Supriatna masrahkeun  santunan BPJS Ketenagakerjaan ka salasaurang ahli waris petugas penyelenggara Pemilu.
Bupati Bandung, Dadang Supriatna masrahkeun santunan BPJS Ketenagakerjaan ka salasaurang ahli waris petugas penyelenggara Pemilu. /Sopandi/galura.co.id


 

GALURA.CO.ID -Lobana 19 urang patugas penyelenggara Pemilu 2024 tilar dunya. Salapan urang di antarana tilar samèmèh poè prungna nyoblos jeung 10 urang sanggeus nyoblos.

Bupati Bandung Dadang Supriatna sacara simbolis masrahkeun santunan BPJS Ketenagakerjaan keur ahli waris para patugas penyelenggara Pemilu nu tilar.

Pamasrahan santunan saurangna Rp 42 juta  keur ahli waris tina BPJS Ketenegakerjaan dilaksanakeun di Sekretariat KPU Kabupaten Bandung, Jalan Sindangwangi Kecamatan Soreang, Salasa, 20 Pebruari 2024.

Baca Juga: Pamingpin anu Nyunda

Diluuhan ku Ketua KPU Kabupaten Bandung Syam Zamiat Nursyamsi jeungn Kepala BPJS Ketenagakerjaan Cabang Bojongsoang Kabupaten Bandung, Rizal Darikusumah.

Bupati Bandung, Dadang Supriatna nepikeun bela sungkawa ka ahli waris nu hadir pikeun narima santunan.

"Kalayan asma Pamarèntah Daerah Kabupaten Bandung ngiring belasungkawa ka para patugas badan adhoc penyelenggara Pemilu taun 2024. Aya 19 jalmi ti Bawaslu sareng KPPS nu ngantunkeun. Mugia santunan ti BPJS Katenagakerjaan ieu ngabantos  kulawargi ahli waris," ceuk Bupati Bandung.

Jauh ti anggalna, Bupati Bandung geus ngantisipasii kamungkinan kajadian deui kawas Pemilu 2019, loba patugas penyelenggaran Pemilu nu gering samalah tepi ka tilar.

"Ku kituna dina danget ayeuna simkuring langsung masihan kawijakan, kanggo jumlah patugas KPPS nu lobana 110.000 urang  sadayana di-cover ku BPJS Ketenagakerjaan,  kanggo patugas nu teu damang atanapi kanggo waragad rumah sakit, " tandes Bupati.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah