Polres Majalengka Gelar Rekonstruksi Rajapati di Hareupeun Pakarangan SD Negeri Simpeureum II

- 8 Februari 2024, 16:00 WIB
Polres Majalengka Polda Jabar ngagelar rekonstruksi kasus rajapati  FN (34), warga Kecamatan Kadipaten, Kabupaten Majalengka, Rebo (07/02/2024).
Polres Majalengka Polda Jabar ngagelar rekonstruksi kasus rajapati FN (34), warga Kecamatan Kadipaten, Kabupaten Majalengka, Rebo (07/02/2024). /Ayank/galura.co.id

GALURA.CO.ID  -Polres Majalengka Polda Jabar ngagelar rekonstruksi kasus rajapati  FN (34), warga Kecamatan Kadipaten, Kabupaten Majalengka.

Ulon-ulonna TD (34), warga Kecamatan Sukahaji, Kabupaten Majalengka, ngalaksanakeun peragaan 44 adegan dina rekonstruksi nu lumangsung di hareupeun pakarangan SD Negeri Simpeureum II, Jalan Natakara No 35, Kelurahan Simpeureum, Kecamatan Cigasong, Kabupaten Majalengka, Rebo (07/02/2024).

Rekonstruksi dilaksanakeun keur ngalengkepan pemberkasan sarta penyidikan, mere gambaran sagemblengna ngeunaan kronologi kajadian rajapati.

Baca Juga: Kurang ti 36 Jam, Polres Majalengka Ngungkab Kasus Rajapati

Kasat Reskrim Polres Majalengka, AKP Tito Witular, S.E., mingpin langsung proses reka ulang jeung pengawalan rekep ti Tim Resmob jeung Sat Samapta Polres Majalengka, sarta Polsek Cigasong.

Dina eta kasempetan, Kapolres Majalengka, AKBP Indra Novianto, S.I.K., M.Si., CPHR, ditepikeun ku Kasat Reskrim AKP Tito Witular, S.E., netelakeun  rekonstruksi aya 44 adegan.

Di antarana nembongkeun sacara rinci kumaha pelaku, tersangka TD, ngarajapati  korban FN.

"Peragaan adegan mere gambaran detail, kalebet pembacokan kana pameunteu korban nu ngabalukarkeun pendarahan tur tatu parna ngajantenkeun hal nu utama perlayana korban numutkeun hasil otopsi," ceuk Kasat Reskrim.

Dumasar katerangan tersangka, pembacokan dilaksanakeun sabaraha kali ku senjata tajam bedog. 

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x