Kasat Binmas Polres Majalengka jeung Satpam, Mieling HUT Satpam ka-43

- 1 Januari 2024, 14:24 WIB
Kagiatan donor darah di hiji toserba di Majalengka, dina raraga mieling HUT Satpam (01/01/2024).
Kagiatan donor darah di hiji toserba di Majalengka, dina raraga mieling HUT Satpam (01/01/2024). /Ayank/galura.co.id

GALURA.CO.ID  -Dina raraga mieling Hari Ulang Tahun (HUT) Satpam nu ka-43, saluyu jeung arahan ti Kapolres Majalengka Polda Jabar AKBP Indra Novianto,S.I.K.,M.Si., CPHR., ditepikeun ku Kasat Binmas Polres Majalengka AKP Asep Ashari, SH., bareng anggota Satbinmas Polres Majalengka, anggota Satpam wawakil ti tiap pausahaan, sarta nu arulin ka  Toserba Surya Kadipaten, aub dina kagiatan donor darah.

Ieu acara ieu digelar di Toserba Surya Kadipaten, Kabupaten Majalengka, Senen (o1/01/2023). AKP Asep Ashari ngaapresiasi kana dedikasi jeung kontribusi sakumna Satpam dina ngajaga kaamanan tur katartiban di sababaraha tempat, kaasup pusat balanja saperti Toserba Surya Kadipaten.

"Satpam mibanda peran nu kawilang penting dina nyiptakeun lingkungan nu aman tur kondusif. Kalayan sumanget Satpam Tangguh, aranjeunna ngarojong terwujudna Pemilu nu aman tir damai," ceuk AKP Asep Ashari.

Baca Juga: Hajat Ahir Taun Bedas Berdaya, Mungkas Taun 2023 jeung Ngabagèakeun Taun 2024 Pemkab Bandung

Kagiatan donor darah di Toserba Surya Kadipaten  diluuhan ku wawakil ti Palang Merah Indonesia (PMI), nu tanggung jawab dina palaksanaan kagiatan donor darah.

Boh ti Satpam, boh anggota Polres Majalengka, boh warga nu keur ulin di Toserba Surya Kadipaten,  antusias aub dina donor darah minangka bukti gede perhatianana ka sasama.

"Ngalangkungan ieu kagiatan, salian mieling HUT Satpam, oge ngiring partisipasi dina kagiatan kamanusiaan ngalangkungan donor darah," ceuk Asep.

"Pamugi naon nu dipidamel ku urang sakumna tiasa ngabantos sasama nu meryogikeun oge nyiptakeun sabeungkeutan nu raket antawis Satpam, Polres Majalengka, katut masarakat," ceuk AKP Asep Ashari.

Acara dieuyeuban  ku masrahkeun layang pngajeng keur Satpam nu gede kontribusina dina ngajaga kaamanan di wilayahna masing-masing.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x