GALURA.CO.ID -Nutup taun 2023 jeung ngabagèakeun taun 2024 Pamarèntah Kabupatèn Bandung, lebah dieu Dinas Kebudayaan dan Pariwisata (Disbudpar) ngagelar Hajat Akhir Tahun Bedas Berdaya di Jalan Babakan Majalaya, Kecamata Majalaya Kabupaten Bandung, Ahad 31 Desember 2023.
Acara nu dijejeran Generasi Muda, Punggawa Budaya Sunda dimimitian ti jam 19.00 WIB tepi ka rèngsè, midangkeun pagelaran wayang golek Dalang Dadan Sunandar Sunarya ti Giri Garja.
Salian ti eta digelar Talkshow, Fashion Show Ekraf X Sarung Majalaya, Tradisional Art Perfoormance, Pameran KulinerJadoel & Bazzar UMKM dan Many More.
Bupati Bandung, Dadang Supriatna umajak ka sakumna warga Majalaya jeung sabudeureun Kabupaten Bandung nyaksian gantina taun bari lalajo pagelaran wayang golek.*** Sopandi