Bupati Bandung Dileler Pangajèn 'Tokoh Nasional Bidang Pembangunan dan Kebudayaan ' ku PWI Pusat

- 21 Februari 2024, 09:00 WIB
Bupati Bamdung, Dadang Supriatna jeung Kadiskominfo Kabupatem Bandung, H. Yosep Nugtaha. (Foto dok  Diskominfo Kabuoatem Bandung).
Bupati Bamdung, Dadang Supriatna jeung Kadiskominfo Kabupatem Bandung, H. Yosep Nugtaha. (Foto dok Diskominfo Kabuoatem Bandung). /

GALURA. CO.ID -Bupati Bandung Dadang Supriatna dileler pangajèn tingkat nasional Anugerah PWI Pusat dina acara Puncak Mièling Hari Pers Nasional (HPN) 2024 di Ecovention Ancol, Jakarta, Salasa, 20 Pebruari 2024.

Pangajèn PWI Pusat dterima langsung ku Dadang Supriatna, disaksian ku Presiden Joko Widodo (Jokowi) dina Puncak Mièling HPN 2024 nu dijejerran "Mengawal Transisi Kepemimpinan Nasional dan Merawat Keutuhan Bangsa".

Dadang Supriatna ngaku kacida syukur jeung nganuhunkeun PWI Pusat jeung Dewan Pers nu geus ngasinugerahan pangajèn nu harkatna luhur tingkat nasional.

Baca Juga: Nungguan Kaputusan Hasil Pemilu ti KPU, Bupati Bandung Ngelingan Masarakat Ulah Percaya Hoaks

"Alhamdulillah dinten ieu simkuring nampi Anugerah PWI 2024 minangka salasahiji kepala daerah nu malirè kana kabudayaan sareng tokoh nasional nu dianggap hasil dina pangwangunan. Nuhun pisan PWI pusat, " ceuk Bupati Dadang Supriatna satutas narima pangajèn..

Dadang Supriatna minangka hiji ti genep kepala daerah di Indonesia nu meunang ieu pangajèn. Lima kepala daerah sèjènna nu narima pangajèn sarupa: Bupati Jember, Bupati Serang, Bupati Simalungun, Walikota Banjarbaru, jeung Bupati Tapanuli Selatan.

Anugerah PWI Pusat tèh pangajèn tingkat nasional nu dibikeun ka kepala daerah atawa tokoh nasional nu dianggap geus aya kontribusi nu signifikan dina kabudayaan jeung pangwangunan daerah.

Dadang miharep, pangajën  jadi motivasi jeung nambahan sumanget pikeun dirina jeung rëngrèngan Pemkab Bandung sangkan terus ngaronjatken panglayan jeung sakawasna milampah hal-hal nu alus.*** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x