Harga Bèas Undak, Ceuk Bupati Bandung Ulah Hariwang Stok Cadangan Aman Tilu Bulan ka Hareup

- 15 Februari 2024, 08:22 WIB
Bupati Bandung ngajamin stok beas di Kabupaten Bandung aman.
Bupati Bandung ngajamin stok beas di Kabupaten Bandung aman. /Sopandi/galura.co.id

 

GALURA.CO.ID -Dina kaayaan harga bèas  mahal tur langka, hususna bèas nu biasa aya di supermarket Bupati Bandung, Dadang Supriatna, mastikeun stok cadangan beas di Kabupaten Bandung masih kènèh aman tepi ka tilu bulan ka harup.

Bupati Bandung nètèlakeun, Dinas Perdagangan dan Perindustrian (Disperdagin) Kabupaten Bandung terus ngamonitoring ka sajumlah pasar sangkan undakna teu luhur teuing.

"Memang nurutkeun beja, bèas kosong utamana syok di supermarket. Simkuring tos monitoring ka sababaraha hiji pasar, beas undakna sakilo di antara Rp16-17 rèbu," ceuk Bupati Bandung basa tas nyoblos di lemburna, Rebo, 14 Pebruari 2024.

Baca Juga: Hak Suara Kulawarga Bupati Bandung Nambahan Hiji dina Pemilu 2024

Bupati ngaku siap ngabantu masarakat nu ngarandapan karawanan pangan. "Tos disiapkeun 800 ton beras cadangan, masih aman. Teu kedah hariwang," pokna..

Ceuk Dadang Supriatna, undakna harga bèas balukar produksi parè keur arang.

"Tangtos Bulog  kawatesanan dina nyadiakeun beas. Tapi, simkuringi yakin  bèas kanggo tilu sasih ka payun di Kabupaten Bandung aman," ceuk Bupati Dadang Supriatna. *** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x