Caleg ti PKS H. Dadang Suryana Yakineun Beubeunangan Sorana Alus

- 14 Februari 2024, 13:18 WIB
H. Dadang Suryana yakineun bisa ngahontal sora luyui jeung nu dipiharep.
H. Dadang Suryana yakineun bisa ngahontal sora luyui jeung nu dipiharep. /

GALURA.CO.ID -Calon Anggota legislatif (Caleg) DPRD Kabupaten Bandung ti PKS, H. Dadang Suryana ngagunakeun hak pilihna di TPS 33, Pondok Pesantren Al-Basyariah Desa Rahayu Kecamatan Margaasih Kabupaten Bandung.

Ieu kepala Desa Rahayu manten sakila 17 taun teh ngapresiasi sumanget warga nu ngadongdon TPS di Pesantren nu pernahna di Jalan Mahmud wates Desa Cigondewah Hilir jeung Desa Rahayu Kecamatan Margaasih.

Di Pondok Pesanten Al-Basyariah ieu aya 6 TPS, TPS 29, 30, 31 32, 33 , jeung 77. H. Dadang nu kungsi viral lantaran unggah kana panggung tur nyebutkeun undur diri tina jabatan kepala desa lantaran ngadukung Anies Baswedan, waktu Anies ngadongdon Stadion Si Jalak Harupat, yakineun bisa ngahontal sora luyu jeung nu dipiharep.

"Insyaalloh di Rahayu sora sim kuring saè.  Di luar Rahayu,  mudah-mudahan luyu harepan, " ceuk H. Dadang Suryana. *** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x