GALURA.CO.ID -Anggota Fraksi PKB DPRD Kabupaten Bandung, H. Uya Mulyana yakineun warga di lemburna loba nu milih pasangan Capres - Cawapres Anies - Muhaimin.
H. Uya Mulyana ngagunakeun hak pilihna dina Pemilu 2024 nyoblos di TPS 09, di Pesantren Darul Ma'arif Desa Rahayu, Kecamatan Margaasih Kabupaten Bandung, Rebo, 14 Pebruari 2024 kana jam 10.00 WIB.
Di ieu pesantren nu dipupuhuan ku KH. Sofyan Yahya, nu ogè pamanna H. Uya, sababaraha rohang kelas dipakè 8 TPS. TPS, 9,10,11,12,13,71,72, jeung 73.
Baca Juga: Panwaslu Kecamatan Kutawaringin Ngayakinkeun Logistik Pemilu Aman di Gudang Tepi ka 316 TPS
Animo masarakat nu luhur datang ka TPS ceuk H. Uya teu leupas tina peran sakum pihak nu aub dina nyosialisasikeun dina tanggal 14 Pebruari 2024 dilaksanakeun Pemilu.
H. Uya sorangan ngaku, nyosialisasikeun Pemilu ka warga di majlis-malis taklim. H. Uya yakin beubeunangan sorana gè bakal nyumponan target.*** Sopandi