Kapolres Majalengka, Dandim 0617 Ngacek Kasehatan Patugas Pangamanan Pemilu 2024

- 13 Februari 2024, 17:53 WIB
Kapolres Majalengka keur mariksa kasehatan patugas pengamanan pemilu 2024 (13/02/2024).
Kapolres Majalengka keur mariksa kasehatan patugas pengamanan pemilu 2024 (13/02/2024). /Ayank/galura.co.id

 

GALURA.CO.ID -Kapolres Majalengka Polda Jabar, AKBP Indra Novianto, S.I.K., M.Si., CPHR, bareng jeung Pj Bupati Majalengka, Dr. H. Dedi Supandi, M.Si., katut Dandim 0617/Majalengka, Letkol Inf Dudy Pilianto, S.Pd., M.I.P, ngaroris ka Sub Satgas Yankes Polres Majalengka bareng jeung patugas Dinkes Kabupaten Majalengka, Salasa (13/02/2024).

Tujuanna keur mastikeun kasiapan kasehatan personel Polri nu diaubkeun dina pangamanan Tempat Pemungutan Suara (TPS) di Kabupaten Majalengka.

Ngacek kasehatan dilaksanakeun di Lapangan Polres Majalengka, ngaubkeun patugas Sub Satgas Yankes Polres Majalengka jeung tim kesehatan ti Dinas Kesehatan Kabupaten Majalengka.

Baca Juga: Dandim 0617 Majalengka Cumeluk, Warga Waspada Bahaya Banjir

Tujuanana tina ieu kagiatan pikeun mastikeun  sakumna personel Polri nu aub dina pangamanan TPS Pemilu 2024 aya dina kondisi sehat tur siap ngalaksanakeun tugas kalayan hade.

Kapolres Majalengka, AKBP Indra Novianto, netelakeun pentingna kasehatan personel Polri dina  pangamanan Pemilu.

"Kesehatan personel modal utama kangge ngalaksanakeun tugas pangamanan kalayan optimal. Ngalangkungan pangecekan hoyong nangtoskeun  satiap anggota nu aub dina pangamanan TPS aya dina kondisi prima," ceuk Kapolres.

Pj Bupati Majalengka nandeskeun komitmen Pamarentah Kabupaten Majalengka dina ngarojong kasehatan ka personel Polri.

Baca Juga: Leuwih Mageuhkeun Silaturahmi, Dandim 0617 Majalengka Ngopi Bareng jeung Wartawan

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x