Dandim 0617 Majalengka Cumeluk, Warga Waspada Bahaya Banjir

- 13 Februari 2024, 15:51 WIB
Dandim 0617 Majalengka Letkol Inf Dudy Pilianto, S.Pd., M.I.P., bareng jeung Pj. Bupati Majalengka katut Kapolres Majalengka sarta stakeholder lianna  kukucuprakan nitenan kaayaan banjir.
Dandim 0617 Majalengka Letkol Inf Dudy Pilianto, S.Pd., M.I.P., bareng jeung Pj. Bupati Majalengka katut Kapolres Majalengka sarta stakeholder lianna kukucuprakan nitenan kaayaan banjir. /Ayank/galura.co.id

 

GALURA.CO.ID  -Tanggul Cipelang Jebol, rebuan imah di Majalengka kakeueum cai. Banjir ngeueum area pamukiman warga, luhurna  cai kurang leuwih 70-100 centimeter.

Aya 1.300 imah di tilu desa di Kecamatan Kertajati, Kabupaten Majalengka, Jawa Barat, nu kakeueum banjir, Senen (12/02/2024) janari.

Dandim 0617 Majalengka Letkol Inf Dudy Pilianto, S.Pd., M.I.P., bareng jeung Pj. Bupati Majalengka katut Kapolres Majalengka sarta stakeholder lianna  langsung nitenan kaayaan banjir.

Baca Juga: Taun Ieu Kodim 0624 Kabupaten Bandung Rèk Nambah 3 Koramil

Aya sababaraha Desa di Kecamatan Kertajati nu kakeueum alatan ngelebna debit cai Walungan Leuwi Awi Desa Sakurjaya Kecamatan Ujungjaya Kabupaten Sumedang.

Di antarana Desa Pakubeureum, Desa Kertawinangun jeung Desa Palasah. Tina ieu taya korban jiwa. Salian ti 1300 unit imah, 200 hektar pasawahan kakeueum banjir. Kurang leuwih 3500 urang saenyana kudu ngungsi.

Dandim 0617 Majalengka meunang laporan ngeunaan banjir bieu ti Koramil 1715/Kertajati Kodim 0617/Majalengka.

Dandim 0617 Majalengka ka lapangan tujuanna keur nitenan sarta nangtukeun lengkah sarta kasiapan nu bakal dilaksanakeun nalika banjir tambah luhur tur leuwih loba deui padumukan nu kaeleb.

Baca Juga: Leuwih Mageuhkeun Silaturahmi, Dandim 0617 Majalengka Ngopi Bareng jeung Wartawan

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah