Bantuan Ti Kodim 0615 Kuningan jeung Puspita Cipta Grup, Pikeun Warga Korban Urug Dusun Ragawangsa

- 5 April 2023, 19:58 WIB
Dandim 0615 Kuningan, Letkol Inf Bambang Kurniawan jeung Direktur PT. Puspita Cipta Grup, H. Rokhmat Ardiyan, masrahkeun bantuan diantarana karpet, Senen. (3/4/2023).*
Dandim 0615 Kuningan, Letkol Inf Bambang Kurniawan jeung Direktur PT. Puspita Cipta Grup, H. Rokhmat Ardiyan, masrahkeun bantuan diantarana karpet, Senen. (3/4/2023).* /Ajun Mahrudin/

GALURA-Kodim 0615 Kuningan rukun gawe jeung PT. Puspita Cipta Grup ngayakeun bakti sosial di lokasi musibat alam urug,  Dusun Ragawangsa Desa Situgede, Kecamatan Subang, Kabupaten Kuningan, Senen, (3/4/2023).

Bakti sosial mere bantuan mangrupa paket bahan poko, duit santunan pikeun 21 warga urang Ragawangsa anu hak nampana.

Sajaba eta, 3 karpet, dipasrahkeun ku Dandim 0615 Kuningan Letkol Inf Bambang Kurniawan jeung Direktur Utama PT. Puspita Cipta H. Rokhmat Ardiyan.

 Baca Juga: Kerep, Urug di Kuningan, Warga Kudu Leuwih Iatna

Salian mere bantuan pikeun warga Dusun Ragawangsa, Kodim 0615 Kuningan Jeung PT. Puspita Cipta Grup, oge mere bantuan pikeun korban musibat caah di Desa Jamberama. Kecamatan Selajambe.

Dandim 0615 Kuningan, Letkol Bambang Kurniawan nyebutkeun, puluhan warga Dusun Ragawangsa kiwari keur ngarandapan kaprihatinan alatan musibat alam urug, anu tangtu ngabutuhkeun bantuan kaasup prasarana pikeun ibadah.

Nurutkeun Bambang, dumasar laporan ti Kepala Desa Situgede, Nurdin, sajaba sarana umum kawas jalan lingkungan katarajang urug, oge masjid di eta dusun kasaeur taneuh urug.

Baca Juga: Hujan Nepika Tengah Peuting, Rea Gawir di Kuningan Urug

Leutakna asup ka jero masjid nepika ngabalukarkeun karpet pinuh ku leutak. Nya pihakna mere bantuan karpet sangkan warga bisa ngalakonan ibadah, kaasup salat taraweh.

"Mudah-mudahan ieu bantuan utamana karpet tiasa dimangfaatkeun kanggo ibadah di masjid," ceuk Bambang.

Halaman:

Editor: Ajun Mahrudin


Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x