GALURA-Salila dua poe ieu, hujan di sababaraha desa hususna wewengkon Kabupaten Kuningan.
Samalah basa Rebo, 8 Maret 2023 hujan kawilang badag ti mimiti tabuh 17.00 nepika tengah peuting.
Rea kabejakeun urug, di antarana wae di Desa Situsari, Kecamatan Darma, gawir panjang 8 meter, luhur 14 meter urug nutup jalan.
Baca Juga: Kerep, Urug di Kuningan, Warga Kudu Leuwih Iatna
Sajaba ti kitu, jalan gang panjang 8 meter mebes, ngancam 2 warga nyaeta Imah bogana Asikin (80) jeung imah Ade (30).
Di Desa Sumberjaya, Kecamatan Ciwaru, di Dusun Karanganyar, RT 04 RW 1, ngabalukarkeun rengat.