Kerep, Urug di Kuningan, Warga Kudu Leuwih Iatna

- 23 Januari 2023, 20:04 WIB
Urug di salah sahiji desa wewengkon Kabupaten Kuningan
Urug di salah sahiji desa wewengkon Kabupaten Kuningan /Ajun Mahrudin/

GALURA- Musibat alam urug di wewengkon Kabupaten Kuningan kiwari beunang disebutkeun kerep, pangpangna dina Poe Ahad, 22 Januari 2023.

Kepala Badan Penanggulangan Bencana Daerah (BPBD) Kabupaten Kuningan, Indra Bayu Permana, nyebutkeun dina waktu sapoe reujeung urug di sababaraha desa.

Ceuk Indra Bayu, ti mimiti Ahad nepika Senen, (22-23/2023), kajadian urug di 19 titik 17 desa 17 wilayah kecamatan.

Baca Juga: Nurhayati Tiwas Alatan Musibat Urug di Desa Kertawirama

Diantarana wae urug di Desa Nangka Kecamatan Kadugede, urug di Desa Cinagara Kecamatan Lebakwangi jeung urug di Desa Kutakembaran, Kecamatan Garawangi.

Bayu nyebutkeun, sababaraha kecamatan di Kabupaten Kuningan, rawan urug. Curah hujan anu luhur ngabalukarkeun urug jeung caah.

“Dina dua dinten ieu urug di Kuningan kerep. Sim kuring miharep hususna warga di daerah rawan urug supados iatna," ceuk Indra Bayu.***

 

 

Editor: Ajun Mahrudin


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x