Ketua Bawaslu Majalengka Nyebutkeun Warga Kudu Boga Tekad Menolak Uangnya dan Jangan Pilih Orangnya

- 13 Februari 2024, 12:30 WIB
Bawaslu Kabupaten Majalengka ngagelar konsolidasi bareng awak media massa  (12/02/2024).
Bawaslu Kabupaten Majalengka ngagelar konsolidasi bareng awak media massa (12/02/2024). /Ayank /galura.co.id

GALURA.CO.ID - Ketua Bawaslu Majalengka Dede Rosada, S.Pd., nyebutkeun masarakat dina ngagunakeun hak pilihna kudu bener-bener merdeka, bebas tampa aya paksaan, jeung teu kapangaruhan ku politik uang. Masarakat kudu nyekel pageuh : “Menolak uangnya dan jangan pilih orangnya”.

Dede Rosada nyarita kitu teh waktu Bawaslu Majalengka ngagelar konsolidasi bareng awak media massa. Diluuhan ku wartawan nu tugas di Kabupaten Majalengka, tempatna di Hotel Garden Majalengka, (12/02/2024).

Inyana netelakeun, konsolidasi jeung media kawilang penting minangka cara ngaronjatkeun bruk-brakna informasi ngeunaan Pemilu keur masarakat. Lian ti eta keur leuwih ngaronjatkeun kualitas Pemilu nu salasahiji indikatorna taya politik uang.

Baca Juga: Siaga Pemilu, PLN Ngeprik Rewuan Personil keur Ngamankeun Pasokan Listrik

”Ieu kawilang penting, Bawaslu peryogi ngalaksanakeun kolaborasi sareng media nu oge mibanda spirit nu sami, nyaeta aub nitenan proses Pemilu,” ceuk Dede Rosada.

Disebutkeun Dede, ku media informasi ngeunaan Pemilu bakal katepikeun ka masarakat. Mimiti informasi ngeunaan hasil pengawasan nu dilaksanakeun, pencegahanns sarta proses penangananna.

”Ku ayana ieu riungan dipiharep tiasa sasarengan nitenan penyelenggaraan Pemilu 2024 nu langkung hade, langkung jujur, adil sareng lungsur-langsar,” ceuk Dede.

Dede meredih peran media nyukseskeun pemilu. “Nu dipiharep pers medalkeun warta panganyarna sareng kolaborasi maparinan edukasi kangge masarakat kalayan nyajikeun berita nu bisa diperrcaya sanes hoax," ceuk Dede Rosada.

Baca Juga: Panwaslu  Kecamatan Margahayu Ngawal  Logistik Pemilu 2024 Tepi ka  Saban TPS

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x