Panwaslu Kudu Tuhu Kana Waktu, Pengkuh Ngalakonan Pancen Pangawasan Pemilu

- 10 Februari 2024, 15:38 WIB
Rengrengan Bawaslu Kabupaten Kuningan, dipotret bareng reujeung unsur Forkompimda .*
Rengrengan Bawaslu Kabupaten Kuningan, dipotret bareng reujeung unsur Forkompimda .* /Ajun Mahrudin/


GALURA-Ketua Badan Pengawas Pemilu (Bawaslu) Kabupatén Kuningan, Firman, meredih  pengawas pemilu (Panwaslu) tuhu kana waktu, pengkuh dina ngalakonan pangawasan pemilu, anu baris lumangsung Rebo, 14 Fébruari 2024.

Ceuk Firman, sakumna pangawas pemilu 2024 kudu daria dina ngalakonan pancén minangka pangawas pemilu, luyu aturan jeung perundang-undangan pemilu.

Minangka pangawas pemilu, ceuk Firman,  kudu ngalakonan pangawasan dibarung pinuh integritas jeung taggung jawab. Panwaslu geus dilatih, geus néken fakta integritas pikeun nyukséskeun Pemilu 2024.

Ieu téh ditungtut ku bangsa jeung nagara,
dina ngalakonan pancén kudu meungkeut rukun gawé jeung sakumna pihak, boh pamaréntah daérah, TNI, Polri, KPU jeung unsur séjénna.


“Sim kuring miharep Panwaslu tuhu kana waktu dina ngalakonan pancén gawé, peupeujeuh ulah boga rasa aing pang pangawasna,” ceuk Firman, basa Apel Siaga Pangawasan Pemilu di Lapang Pandapa, Paramarta, sabudeureun Stadion Mashud Wisnu Saputra Kuningan, Saptu, 10 Fébruari 2024.


Nurutkeun Firman, Firman miharep, dina ngalakonan pancén, panwaslu kudu tetep ngajaga soliditas, komunikasi, koordinasi reujeung sakumna pihak kalawan hadé.

Éta penting sangkan Pemilu 2024 bisa lumangsung jujur jeung adil.

Panwaslu, ceuk Firman, kudu bisa ngajungjung integritas pengawas pemilu. Sajaba éta nggaronjatkeun fungsi lembaga dina tarékah nyinglar,  pelanggaran jeung sengketa.

Éta pikeun mastikeun yén bawaslu bisa méré rasa aman, nyaman jeung kapastian hukum pikeun sakukumna pihak. Boh masarakat hak pilih, partéy pulitik, boh pihak séjenna anu milu nyukseskeun Pemilu 2024.

Sajeroning kitu, Penjabat Bupati Kuningan, Iip Hidajat, nyebutkeun pemilu minangka pesta demokrasi sawadina dibagéakeun dibarung ku kagumbiraan.

Halaman:

Editor: Ajun Mahrudin


Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x