Panwaslu Kudu Tuhu Kana Waktu, Pengkuh Ngalakonan Pancen Pangawasan Pemilu

- 10 Februari 2024, 15:38 WIB
Rengrengan Bawaslu Kabupaten Kuningan, dipotret bareng reujeung unsur Forkompimda .*
Rengrengan Bawaslu Kabupaten Kuningan, dipotret bareng reujeung unsur Forkompimda .* /Ajun Mahrudin/

Anu ngaranna pésta tangtu kudu gumbira, dibarung haté pinuh kabagjaan. Enya, ceuk Iip, dina ngalakonan pancén minangka Panwaslu kudu kudu daria, tapi tetep kudu dibarung ku kagumbiraan jeung kabagjaan.

Anu dimaksud daria, ceuk Iip, lamun manggih kasalahan lakonan ku cara-cara anu sabenerna.
Sananjan kitu, tetep kudu bisa ngajaga étika atawa tatakrama dina ngalakonan pancén. Ulah manyun atawa jamedud, sopan jeung santun tetep kudu dijaga.

Sok komo, kapan urang Sunda mah kudu bisa silih asah, silih jeung silih asuh.

“Sékésélér urang Sunda mah, soméah hadé ka sémah. Éta kanggo ngajaga persatuan sareg kesatuan bangsa,” ceuk Iip, anu ogé Kepala Kesbangpol Provinsi Jawa Barat téh.

 

Halaman:

Editor: Ajun Mahrudin


Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah