Eman Suherman, Sekda Majalengka, Daftar ka PPP keur Maju di Pilkada Taun 2024

- 8 Mei 2024, 14:55 WIB
Sekda Majalengka, Eman Suherman, ngamonitoring harga  sembako di Pasar Kadipaten. Siap makalangan Dina pilkada2024.
Sekda Majalengka, Eman Suherman, ngamonitoring harga sembako di Pasar Kadipaten. Siap makalangan Dina pilkada2024. /

 


GALURA.CO.ID - DPC Partai Persatuan dan Pembangunan (PPP) Kabupaten Majalengka keur muka pendaftaran bakal calon Bupati jeung Wakil Bupati. Proses penjaringan pikeun Pilkada 2024 mimiti dibuka poe Senen (6/4/2024) nepi sababaraha bulan kahareup.

Penjaringan Bacabup jeung Bacawabup anu dilaksanakeun ku partey anu mibanda 4 korsi di Pileg Majalengka langsung 'laris' diserbu sajumlah tokoh.

Dina poe munggaran proses penjaringan, saeutikna aya 4 tokoh anu daftar ka Ieu partey lambang Ka'bah. "Tos aya 4 tokoh anu daftar" ceuk Ketua DPC PPP Majalengka M Fajar Sidik.

Salasahiji tokoh anu daftar ka PPP teh di antarana Sekda Majalengka, Eman Suherman. Tilu tokoh lianna asalna ti kalangan milenial, kepala desa (kades), jeung  Kamenag manten Majalengka.

"Aya Pa Aldi (Milenial), Bu Endah (Kades), Pa Yayat (Kemenag Manten Majalengka) sareng Pa Sekda (Eman Suherman)," ceuk Fajar.

PPP muka panto peluang pikeun sing saha wae anu boga paniatan ngagumebyarkeun Pilkada Majalengka. Lain saukur kader, tokoh di luar PPP oge bisa nyalonkeun diri asal mibanda komitmen keur ngamajukeun Majalengka jadi leuwih hade.

"Pami ti PPP nu diteueulkeunana  hiji, kumaha oge PPP partai anu asasna Islam. PPP ngawiatkeun komitmen calon pamingpin anu mikahoyong janten calon bo bupati boh wakil bupati: komitmen kana nu aya patalina sareng keumatan. Calon pamingpin Kabupaten Majalengka anu bakal datang  kersa ngamajengkeun lembaga pendidikan Islam," ceuk M. Fajar Sidiq.

PPP  fokus ngaraketkeun komunikasi jeung sajumlah parpol lianna. Komunikasi dina raraga ngaraketkeun hubungan pikeun ngajaring koalisi di Pilkada anu bakal datang.

"Kondisi di Majalengka mung PDIP anu tiasa ngasongkeun calon nyalira, partey sanesna kedah koalisi sareng partey lianna. Tina kituna, PPP komunikasi sareng sakumna partey," ceuk Fajar.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah