Peutingna Puncak Arus Balik, Patugas Gabungan Ngaronjatkeun kaamanan Rest Area Km 164 Tol Cipali

- 15 April 2024, 14:55 WIB
Patugas gabungan ti Koramil 1713/Ligung Kodim 0617/Majalengka jeung stakeholder ngalaksanakeun pangamanan di Rest Area KM 164 Tol Cipali (14/04/2024).
Patugas gabungan ti Koramil 1713/Ligung Kodim 0617/Majalengka jeung stakeholder ngalaksanakeun pangamanan di Rest Area KM 164 Tol Cipali (14/04/2024). /Ayank/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Puncak arus balik di Tol Cipali, Ahad peuting (14/04/2024). Patugas gabungan ti Koramil 1713/Ligung Kodim 0617/Majalengka jeung stakeholder ngalaksanakeun pangamanan di Rest Area Km 164 Tol Cipali, Kecamatan Ligung, Kabupaten Majalengka.

Udaganana keur ngajamin kalancaran arus lalu lintas tur mere kaamanan oge kamerenahan sakumna ka warga anu ngaliwatan jalan Tol.

Dandim 0617/Majalengka Letkol Inf Dudy Pilianto, S.Pd., M.I.P., ditepikeun Danramil 1713/Ligung Kapten Inf Sarna nyebutkeun, ieu kagiatan dilaksanakeun pikeun mastikeun kalancaran lalu lintas tur kaamanan.

Danramil nyebutkeun, dina pangamanan patugas gabungan cumeluk ka ngeunaan pentingna kasalametan sarta ati-ati salila di lalampahan sangkan teu kajadian hal-hal nu teu dipiharep.

"Ku ayana pangamanan anu rekep di Rest Area KM 164 Tol Cipali dipiharep tiasa masihan rasa aman tur merenah ka warga, sarta ngaminimalisir kajadianna gangguan kaamanan," ceuk Kapten Inf Sarna.*** Ayank R Sambara

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x