Persit KCK Cabang XXVIII Kodim Majalengka Jaroh ka Taman Makam Pahlawan Sawala, Mieling HUT ka-78 Persit KCK

- 3 April 2024, 06:30 WIB
Persit KCK Cabang XXVIII Kodim Majalengka ngagelar jaroh ka Taman Makam Pahlawan (TMP) Sawala (02/04/2024).
Persit KCK Cabang XXVIII Kodim Majalengka ngagelar jaroh ka Taman Makam Pahlawan (TMP) Sawala (02/04/2024). /Ayank/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Dina raraga mieling HUT ka-78 Persit KCK Taun 2024, 3 April, Persit KCK Cabang XXVIII Kodim Majalengka ngagelar jaroh ka Taman Makam Pahlawan (TMP) Sawala, Jalan Cirebon - Bandung Desa Cipaku, Kecamatan Kadipaten, Kabupaten Majalengka, Salasa (02/04/2024).

Jaroh dipingpin ku Ketua Persit KCK Cabang XXVIII Kodim Majalengka Lollytha Dudy Pilianto.

Lahirna organisasi istri Prajurit TNI AD Persit Kartika Chandra Kirana awalna Persatuan Kaum Ibu Tentara (PKIT), lahir di jero perjoangan bangsa Indonesia kalayan jiwa sumangat tur cita-cita luhung pikeun mertahankeun kamerdekaan.

Salian diiluan Ketua Persit jeung pangurus Persit KCK Cabang XXVIII Kodim Majalengka, jaroh oge diiluan ku anggota persit Ranting jajaran Kodim Majalengka, anggota Persit KCK Ranting 3 Yonif 321/GT, anggota Persit Minvetcad III/16 jeung anggota Persit Subdenpom III/3-5 Majalengka.

Baca Juga: Warga Ngadeugdeug Bazar Murah Kodim 0617/Majalengka Ngabageakeun Hari Raya Idul Fitri 1445 H

Upacara jaroh anu lumangsung kalayan tartib tur khidmat, diawalan ku penghormatan ka arwah sakumna pahlawan. Dipingpin langsung ku Ketua Persit KCK Cabang XXVIII Kodim Majalengka Lollytha Dudy Pilianto, pingpinan rombongan.

Keur mieling jasa tur pangorbanan sakumna pahlawan dilaksanakeun mengheningkan cipta jeung neundeun karangan bunga dina Tugu Makam Pahlawan.

Jaroh dipungkas ku panghormatan saacan ninggalkeun Taman Makam Pahlawan. Samemehna dilaksanakeun penaburan bunga di pajaratan sakumna pahlawan kusuma bangsa, anu dilaksanakeun ku pingpinan rombongan jeung diiluan sakumna jaroh.

Rengse jaroh, Lollytha Dudy Pilianto nyebutkeun, jaroh teh mibanda tujuan keur ngajenan sarta mieling jasa-jasa sakumna pahlawan anu gugur dina perjoangan kamerdekaan Negara Kesatuan Republik Indonesia.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x