Kapoksahli Pangdam III/Siliwangi Sacara Resmi Nutup Kagiatan TMMD ka-119 Kodim 0617/Majalengka

- 21 Maret 2024, 12:27 WIB
Upacara penutupan TMMD ka-119 Kodim 0617 Majalengka (20/04/2024) di Desa Cipasung Majalengka.
Upacara penutupan TMMD ka-119 Kodim 0617 Majalengka (20/04/2024) di Desa Cipasung Majalengka. /Ayank/galura.co.id

GALURA.CO.ID - TMMD ka-119 Kodim 0617/Majalengka anu tempatna di Desa Cipasung, Kecamatan Lemahsugih, Kabupaten Majalengka, sacara resmi ditutup Kapoksahli Pangdam III/Siliwangi Brigjend TNI Sugiyono, Rebo (20/3/2024).

Diluuhan ku Danrem 063/SGJ, Danlanal Cirebon, Waasren Kasdam III/Siliwangi, Waaslog Kasdam III/Siliwangi, Pj. Bupati Majalengka, Ketua DPRD Majalengka, Sekda Kab. Majalengka, sakumna Dandim jajaran Korem 063/SGJ, Dankesyah 03.04.03 Cirebon, Dandenpom III/Cirebon, Dandenpal lll/3 Cirebon, Danlanud S Sukani, sakumna Kasi Korem 063/SGJ, Kabag Ops Polres Majalengka.

Dina amanatna Pangdam III/Siliwangi anu dibacakeun ku Kapoksahli Pangdam III/Siliwangi umajak pikeun munajat jeung syukuran ka Allah SWT, rahmat katut ridho-Na, bisa ngaluuhan upacara panutupan TMMD ka-119 TA 2024 dina kaayaan sehat walafiat.

Baca Juga: Bari keur Ngalakonan Puasa,  Satgas TMMD ka-119 Kodim 0617/Majalengka Tetep Sumanget Nganggeuskeun Pagawean

Salian eta, TMMD oge jadi sarana panghadena keur TNI pikeun aub di tengah-tengah masarakat dina raraga ngagedurkeun sumanget gotong royong katut energi positif pikeun maju nyangking kaunggulan. Sakumaha jejer TMMD: "Darma Bakti TMMD Mewujudkan Percepatan Pembangunan di Wilayah."

"Saluyu jejer TMMD nyaeta "Darma Bakti TMMD Mewujudkan Percepatan Pembangunan di Wilayah", hal ieu janten landasan kangge ngawujudkeun kaunggulan sasarengan," ceuk Brigjend TNI Sugiyono, Rebo (20/3/2024).

Saluyu amanatna Pangdam III/Siliwangi, Brigjend TNI Sugiyono, umajak ka sakumna pihak keur mertahankeun sumanget gotong-royong jeung ngamngpaatkeunn hasil program TMMD ka-119 pikeun karaharjaan masarakat.

Salila kagiatan TMMD, sakumna target fisik jeung non fisik geus sukses direngsekeun kalayan sampurna alatan rempug gawe anu solid antara Prajurit TNI, Polri, Pemda jeung sakumna masarakat.

Baca Juga: Satgas TMMD ka-119 Kodim 0617/Majalengka Buka Puasa jeung Warga

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x