Kapoksahli Pangdam III/Siliwangi Sacara Resmi Nutup Kagiatan TMMD ka-119 Kodim 0617/Majalengka

- 21 Maret 2024, 12:27 WIB
Upacara penutupan TMMD ka-119 Kodim 0617 Majalengka (20/04/2024) di Desa Cipasung Majalengka.
Upacara penutupan TMMD ka-119 Kodim 0617 Majalengka (20/04/2024) di Desa Cipasung Majalengka. /Ayank/galura.co.id

"Rempug gawe antawis TNI, Polri, Pemda katut masarakat tos ngabuahkeun hasil positip kalayan ngarengsekeun sakumna sasaran fisik katut non fisik," ceuk Brigjend TNI Sugiyono.

Pihakna oge ngahatur nuhunkeun ka gubernur, bupati jeung unsur Forkopimda anu geus ngarojong program TMMD ka-119 Taun Anggaran 2024.

Disebutkeun, Brigjend TNI Sugiyono oge ngingetan ka sakumna prajurit Satgas TMMD keur saenyana nitenan faktor kaamanan nalika mulang deui ka induk pasukan masing-masing.

"Sakumna kagiatan TMMD ka-119 Kodim 0617 Majalengka dipiharep jadi pembelajaran kangge janten bagian ti solusi tur motivasi kangge pangwangunan masarakat, kumargi sajatina TNI lahir ti rayat sareng ngabdi kangge rayat," ceuk Brigjend TNI Sugiyono.*** Ayank R Sambara

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x