Puasa Romadon, Satgas TMMD ka-119 Tetep Sumanget Ngudag Target

- 17 Maret 2024, 10:35 WIB
Satgas TMMD ka-119 Kodim 0617 Majalengka soson-soson ngabatu jalan di Desa Cipasung, Kecamatan Lemahsugih, Kabupaten Majalengka.
Satgas TMMD ka-119 Kodim 0617 Majalengka soson-soson ngabatu jalan di Desa Cipasung, Kecamatan Lemahsugih, Kabupaten Majalengka. /Ayank/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Di Bulan Suci Romadon jeung dina kondisi ngalaksanakeun ibadah puasa, lain hartina kudu luha-leha sarta nurunkeun sumanget. Tina kituna Satgas TMMD ka-119 Kodim 0617 Majalengka jeung masarakat tetep soson-soson nuluykeun ngabatu jalan nu panjangna 3 kilometer.

Eta nepungkeun dua kampung di Desa Cipasung, Kecamatan Lemahsugih, Kabupaten Majalengka.

"Sasaran fisik katut non fisik kagiatan TMMD dipiharep leres-leres nyandak mangpaat kangge masarakat, sarta kabina komunikasi anu hade antawis TNI sareng rayat, kangge tetep ngahangkeutkeun kemanunggalan TNI sareng rayat di wilayah," ceuk Dansatgas TMMD ka-119, Kodim 0617 Majalengka, Letkol Inf Dudy Pilianto, Saptu (16/3/2024).

"Sanaos dina kondisi ngalaksanakeun ibadah puasa, anggota Satgas TMMD neraskeun proses padamelan sasaran fisik jalan anu nyambungkeun Dusun Sukamanah sareng Dusun Wiranyana," sambung Letkol Inf Dudy Pilianto.

"Pamugi ku ayana kagiatan TMMD ka-119 Kodim 0617 Majalengka, tiasa ngaronjatkeun paekonomian lokal oge ngagampilkeun mobilitas masarakat, sarta kemanunggalan antawis TNI sareng Rayat tiasa teras ngawujud," ceuk Dansatgas.*** Ayank R Sambara

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x