Door to Door, Timkes Satgas TMMD ka-119 Kodim 0617/Majalengka Cek Kasehatan Warga

- 15 Maret 2024, 15:12 WIB
Sertu Isro, anggota tim kesehetan TMMD ka-119 Kodim 0617/Majalengka  sacara door to door mariksa kasehatan warga sabudeureun lokasi TMMD, di Desa Cipasung, Kecamatan Lemahsugih, Kabupaten Majalengka (14/03/2024).
Sertu Isro, anggota tim kesehetan TMMD ka-119 Kodim 0617/Majalengka sacara door to door mariksa kasehatan warga sabudeureun lokasi TMMD, di Desa Cipasung, Kecamatan Lemahsugih, Kabupaten Majalengka (14/03/2024). /Ayank/galura.co.id

 

GALURA.CO.ID  -Timkes Satgas TMMD ka-119 Kodim 0617/Majalengka Sertu Isro sacara door to door mariksa kasehatan warga sabudeureun lokasi TMMD, di Desa Cipasung, Kecamatan Lemahsugih, Kabupaten Majalengka, Kemis (14/03/2024).

Dansatgas TMMD ka-119 Kodim 0617/Majalengka Letkol Inf Dudy Pilianto, S.Pd., M.I.P., ditepikeun ku Pasiter Kodim 0617/Majalengka Kapten Inf Mastam nyebutkeun, tim kasehatan Satgas TMMD bakal mindeng ngaladenan kasehatan anggota Satgas pon kitu deui masarakat sacara door to door dina mere palayanan kasehatan.

Sertu Isro netelakeun, mere pelayanan kasehatan ka warga di lokasi TMMD, sacara door to door ka imah warga. Dipiharep bisa nyiptakeun karaharjaan keur masarakat. Dina hal ieu lain ngan saukur ngawangun jeung ngahadean sarana prasarana, jeung kasehatan warga.

Baca Juga: Mastikeun Sasaran Fisik Taya Masalah, Dansatgas Ngaroris Lokasi TMMD ka-119 Kodim 0617/Majalengka

"Kasehatan teh faktor utami anu kedah dijagi, supados urang sadayana tiada ngalaksanakeun ibadah saum sareng aktivitas sadidinten," ceuk Sertu Isro.

Odih (68) saorang warga Dusun Nyangkokot, Desa Cipasung di lokasi TMMD anu nampa palayanan kasehatan, ngarasa bungah kacida, ku ayana TNI anu datang ka padumukanana keur ngecek kasehatanana.

"Hatur nuhun anu saageung-ageungna ka BapaTNI anu tos ngaluangkeun waktosna marios kasehatan simkuring. Pamugi TNI saterasna dipaparinan kasuksesan dina ngalaksanakeun tugasna," ceuk Odih.*** Ayank R Sambara

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x