Ngudag Pengerasan Jalan, Anggota Satgas TMMD ka-119 jeung Warga Nuluykeun Pangwangunan Sasaran Fisik

- 13 Maret 2024, 16:22 WIB
Satgas TMMD ka-119 Kodim 0617/Majalengka jeung warga neruskeun hanca nagwangun jalan, teu kateugb pedah keur puasa.
Satgas TMMD ka-119 Kodim 0617/Majalengka jeung warga neruskeun hanca nagwangun jalan, teu kateugb pedah keur puasa. /Ayank/galura.co.id

GALURA.CO.ID  -Anggota Satgas TMMD ka-119 Kodim 0617/Majalengka jeung warga tuluy ngalaksanakeun percepatan palaksanaan pagawean pengerasan jalan sapanjang 3000 meter, di Desa Cipasung, Kecamatan Lemahsugih, Kabupaten Majalengka, Rebo (13/3/2024).

Sanajan suasana bulan Romadon, proses ngagawean sasaran fisik jalan anu ngahubungkeun Dusun Sukamanah jeung Dusun Wiranyana taya reureuhna digawean ku anggota Satgas TMMD bareng jeung warga sabudeureunna.

Hal ieu tembong di lokasi sasaran fisik, sanajan suasana bulan Ronmadon sumangetna tetep ngagedur. Anggota Satgas TMMD jeung warga tetep rereongan nuluykeun nyusun batu di ruas jalan keur nuluykeun progres pagawean.

Ceuk Dansatgas TMMD ka-119 Kodim 0617/Majalengka Letkol Inf Dudy Pilianto, S.Pd., M.I.P., ditepikeun ku Pasiter Kodim 0617/Majalengka Kapten Inf Mastam, suasana bulan Romadhon lain jadi panghalang keur anggota Satgas TMMD dina nuluykeun pagawean sasaran fisik pangwangunan jalan.

"Dina Bulan Suci Romadon Satgas TMMD gotong royong sareng masarakat neraskeun hanca ngadamel jalan. Tangtosna dipiharep bakal lumangsung kalayan lungsur-langsar," ceuk Pasiter Kodim0617/Majalengka.*** Ayank R Sambara

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x