Satgas TMMD ka 119 Kodim 0617 Majalengka, di Desa Cipasung Ngabangun Bak Panampungan Cai

- 11 Maret 2024, 17:14 WIB
satgas TMMD ka-119 Kodim 0617/Majalengka keur nyieun bak panampungan cai di Desa Cipasung, Kecamatan Lemahsugih, Kabupaten Majalengka.
satgas TMMD ka-119 Kodim 0617/Majalengka keur nyieun bak panampungan cai di Desa Cipasung, Kecamatan Lemahsugih, Kabupaten Majalengka. /Ayank/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Bak panampungan cai teh salasahiji sasaran fisik anu kiwari keur dipigawe ku anggota Satgas TMMD ka-119 Kodim 0617/Majalengka, di Desa Cipasung, Kecamatan Lemahsugih, Kabupaten Majalengka, Ahad (10/3/2024).

Dansatgas TMMD ka-119 Kodim 0617/Majalengka Letkol Inf Dudy Pilianto, S.Pd., M.I.P., ditepikeun Pasiter Kodim 0617/Majalengka Kapten Inf Mastam netelakeun, pangwangunan bak penampungan cai teh sasaran fisik tambahan anu dipitembeyan dipigawe anggota satgas TMMD ka-119 Kodim 0617/Majalengka.

Inyana nyebutkeun, pangwangunan bak penampungan cai pikeun nyumponan kabutuhan cai masarakat. "Ngadamel bak penampungan cai bagean tina komitmen TNI hususna Kodim 0617/Majalengka dina ngabantos ngaraharjakeun masarakat, dipiharep masihan mangpaat anu ageung kangge masarakat," ceuk Pasiter Kodim 0617/Majalengka.

Letkol Inf Dudy miharep TMMD bisa leuwih ngaraketkeun hubungan antara TNI jeung masarakat. “Langkung ngaronjatkeun manunggalna TNI-Rakyat. TMMD ageung positifna kangge masarakat," ceuk Kapten Inf Mastam.

Masarakat ngabageakeun pisan dibangunna bak panampungan cai sabab bakal nyumponan pangabutuh cai. Rencana tina bak bakal disalurkeun make piva ka paimahan warga, kawas cai ledeng.*** Ayank R Sambara

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah