Satgas TMMD ka-119 Kodim 0617/Majalengka Nuluykeun Hanca Ngarenovasi Madrasah

- 5 Maret 2024, 16:00 WIB
anggota Satgas TMMD ka-119 Kodim 0617/Majalengka bareng jeung warga gotong royong ngarenovasi madrasah, di Desa Cipasung, Kecamatan Lemahsugih, Kabupaten Majalengka, Salasa (5/3/2024).
anggota Satgas TMMD ka-119 Kodim 0617/Majalengka bareng jeung warga gotong royong ngarenovasi madrasah, di Desa Cipasung, Kecamatan Lemahsugih, Kabupaten Majalengka, Salasa (5/3/2024). /Ayank/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Nuluykeun sasaran fisik, anggota Satgas TMMD ka-119 Kodim 0617/Majalengka bareng jeung warga gotong royong ngarenovasi madrasah, di Desa Cipasung, Kecamatan Lemahsugih, Kabupaten Majalengka, Salasa (5/3/2024).

Dina ieu kasempetan, Dansatgas TMMD ka-119 Kodim 0617/Majalengka Letkol Inf Dudy Pilianto, S.Pd., M.I.P., ditepikeun Pasiter Kodim 0617/Majalengka Kapten Inf Mastam nyebutkeun, ngarenovasi Madrasah anu taya reureuhna digawean ku personel gabungan Satgas TMMD bareng jeung warga ampir rengse.

"Kalayan pinuh sumanget, satgas TMMD anu kenging rojongan tur rempug gawe ti masarakat, renovasi madrasah ampir rengse," ceuk Kapten Inf Mastam.

"Pamugi ku ayana gotong royong sareng masarakat dina ngarenovasi madrasah, tiasa rengse dina waktosna. Supados tiasa digunakeun deui kangge murangkalih diajar ngaos," ceuk Kapten Inf Mastam.

Kapten Inf Mastam miharep ku kondisi madrasah anu direnovasi, barudak bakal leuwih lugina tur sumanget dina nyuprih elmu pangaweruh.*** Ayank R Sambara

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x