Ngamumule Alam, Satgas TMMD ka-119 Kodim 0617 Majalengka Melak Tatangkalan

- 2 Maret 2024, 17:30 WIB
Satgas TMMD ka 119 Kodim 0617 Majalengka jeung warga melak tatangkalan di Desa Cipasung, Kecamatan Lemahsugih, Kabupaten Majalengka (01/03/2024).
Satgas TMMD ka 119 Kodim 0617 Majalengka jeung warga melak tatangkalan di Desa Cipasung, Kecamatan Lemahsugih, Kabupaten Majalengka (01/03/2024). /Ayank/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Satgas TMMD ka-119 Kodim 0617/Majalengka ngalaksanakeun gerakan penghijauan, melak tatangkalan tarekah keur ngamumule  alam di Blok Wiranyana, Desa Cipasung, Kecamatan Lemahsugih, Kabupaten Majalengka, Jumaah (01/03/2024).

Dansatgas TMMD ka-119 Kodim 0617/Majalengka Letkol Inf Dudy Pilianto, S.Pd., M.I.P., ditepikeun Dan SSK Satgas TMMD Letda Arh Agus Mulyo, netelakeun, melak tatangkalan teh tarekah ngajaga alam lingkungan tur ngantisipasi ancaman bencana urug.

Inyanna umajak ka masarakat Desa Cipasung aub ngalaksankeun kagiatan positif saperti melak tatangkalan. Masarakat kudu ngajaga  alam tur teu ngaruksak alam anu bisa ngabalukarkeun bencana alam sawaktu-waktu.

Baca Juga: Numuwuhkeun Rasa Cinta Tanah Air, Satgas TMMD ka-119 Ngadadarkeun Bela Negara di SMPN 4 Lemahsugih

"Pamugi ku melak tatangkalan, urang sadayana tiasa ngajagi  alam sabudeureun urang, supados mangpaatna kapayunna tiasa diwariskeun kangge turunan urang sadaya," ceuk Letda Arh Agus Mulyo.

Kepala Desa Cipasung, Deni Hermanto, ngahatur nuhunkeun ka Satgas TMMD ka-119 Kodim 0617 Majalengka, anu geus melak tatangkalan nu gede mangpaat keur mertahankeun sumber cinyusu.

"Dipiharep kangge kapayunna tiasa langkung seueur deui tatangkalan anu dipelak di wilayah Desa Cipasung. Supados alam tetep kajagi oge  antisipasi bencana alam," ceuk Deni Hermanto.*** Ayank R Sambara

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah