Cumelukna Letda Arh Agus Mulyo ka Anggota Satgas TMMD ka-119 Kodim 0617/Majalengka

- 1 Maret 2024, 14:58 WIB
Anggota satgas TMMD ka 119 Kodim 0617 Majalengka samemeh ngagarap hanca nyieun jalan apel heula.
Anggota satgas TMMD ka 119 Kodim 0617 Majalengka samemeh ngagarap hanca nyieun jalan apel heula. /Ayank/glura.co.id

GALURA.CO.ID -Mitembeyan kagiatan, anggota Satgas TMMD ka-119 Kodim 0617/Majalengka ngalaksanakeun apel pagi di lokasi sasaran fisik TMMD di Desa Cipasung, Kecamatan Lemahsugih, Kabupaten Majalengka, Jumaah (01/3/2024).

Dina ieu kasempetan Dansatgas TMMD ka-119 Kodim 0617/Majalengka Letkol Inf Dudy Pilianto, S.Pd., M.I.P., ditepikeun Dan SSK Letda Arh Agus Mulyo, nyebutkeun lumrah di instansi pamarentah mana oge, kaasup instansi militer, apel pagi wajib dilaksanakeun satiap hari kerja jeung dina satiap event kagiatan.

"Apel pagi sarana pengecekan personel ngawitan ti kahadiran dugi ka kasehatan anggota, ngadugikeun informasi sakantenan pembagian tugas sareng nampung usul sareng saran ti anggota Satgas TMMD ka-119," ceuk Letda Arh Agus Mulyo.

Saacan mungkas apel, Letda Arh Agus Mulyo netelakeun anggota Satgas TMMD sangkan ngamaksimalkeun udagan pagawean sasaran fisik poe ieu. Oge nu utama talingakeun faktor kaamanan dina digawe jeung nyinglar tina palanggaran saleutik kumaha oge.*** Ayank R Sambara

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah