Satgas TMMD Ke-119 Kodim 0617/Majalengka jeung Warga Gotong Royong Ngarenovasi Madrasah  

- 28 Februari 2024, 17:00 WIB
Satgas TMMD ka-119 Kodim 0617/Majalengka jeung warga rereongan ngomean madrasah, di Desa Cipasung, Kecamatan Lemahsugih, Kabupaten Majalengka (28/02/2024).
Satgas TMMD ka-119 Kodim 0617/Majalengka jeung warga rereongan ngomean madrasah, di Desa Cipasung, Kecamatan Lemahsugih, Kabupaten Majalengka (28/02/2024). /Ayank/galura.co.id

 

GALURA.CO.ID -Satgas TMMD ka-119 Kodim 0617/Majalengka jeung warga gotong royong ngomean madrasah, di Desa Cipasung, Kecamatan Lemahsugih, Kabupaten Majalengka, Salasa (28/02/2024).

Dansatgas TMMD ka-119 Kodim 0617/Majalengka Letkol Inf Dudy Pilianto, S.Pd., M.I.P., ditepikeun ku Pasiter Kodim 0617/Majalengka, Kapten Inf Mastam nyebutkeun, keur ngomean madrasah masih tuluy dilaksanakeun Satgas TMMD jeung warga satempat.

"Ku ayana gotong royong, tangtosna padamelan karaos teu abot. Kalayan ihlas Satgas TMMD ngabantosan warga ngarenovasi madrasah anu maneuh dianggo pangaosan. Madrasah bakal langkung hade sareng langkung seueur  anu ngamakmurkeunnana," ceuk Kapten Inf Mastam.

“Satgas TMMD bakal ngabantos naon wae nu dibangun ku warga. Ieu buktos TNI ageng perhatosanana kana kagiatan kaagamaan sareng karohanian, ku kituna kemanunggalan TNI-rakyat langkung nanjeur," ceuk Kapten Inf Mastam.*** Ayank R Sambara

 

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah