Numuwuhkeun Rasa Cinta Tanah Air, Satgas TMMD ka-119 Ngadadarkeun Bela Negara di SMPN 4 Lemahsugih

- 2 Maret 2024, 15:00 WIB
Kapten Inf Baderi, anggota Satgas TMMD ka-119 Kodim 0617 Majalengka keur Ngadadarkeun soal bela nagara ka Siwa SMPN Lemahsugih.
Kapten Inf Baderi, anggota Satgas TMMD ka-119 Kodim 0617 Majalengka keur Ngadadarkeun soal bela nagara ka Siwa SMPN Lemahsugih. /Ayank/galura.co.id

GALURA.CO.ID - Salian ngalaksanakeun kagiatan fisik ngabangun insfrastruktur, Satgas TMMD ka-119 Kodim 0617/Majalengka oge ngalaksanakeun kagiatan non-fisik.

Salasahijina penyuluhan Bela Negara ka siswa SMPN 4 Lemahsugih,  di Desa Cipasung, Kecamatan Lemahsugih, Kabupaten Majalengka, Jumaah (01/03/2024).

Dansatgas TMMD ka-119 Kodim 0617/Majalengka, ditepikeun ku Pasiter Kodim 0617/Majalengka, Kapten Inf Mastam nyebutkeun ieu kagiatan teh sasaran non-fisik dina mere penyuluhan-penyuluhan ka sakumna masarakat, anu utama ka regenasi tuturus bangsa.

Baca Juga: Dandim 0617/Majalengka Ngaroris Harga Bahan Sembako di Wilayah Kabupaten Majalengka

Di lokasi kagiatan, Kapten Inf Baderi,  pemateri netelakeun, ku ayana penyuluhan Bela Negara  dipiharep bakal tumuwuh bukti disiplin waktu, aktivitas oge kagiatan lianna, ngabentuk mental tur fisik anu tohaga.

Anu pangutamana numuwuhkeun cinta tanah air keur bangsa Indonesia di kalangan generasi panerus bangsa.

"Pembekalan Bela Negara ditujukeun kangge ngawangun generasi panerus bangsa anu mibanda karakter sareng kagungan jiwa nasionalisme," ceuk Inf Baderi.

"Dina hal ieu tangtos bakal tiasa ngawujudkeun generasi ngora anu siap-siaga mayunan tangtangan dina waktos kapayunna. Hususna di lebet kamajengan elmu pangaweruh sareng teknologi," ceuk Baderi

Baca Juga: Ngudag Target, Satgas TMMD ka-119 Kodim 0617/Majalengka Nuluykeun Ngarehab Madrasah

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah