Dandim 0617/Majalengka Ngaroris Harga Bahan Sembako di Wilayah Kabupaten Majalengka

- 2 Maret 2024, 13:41 WIB
Dandim 0617 Majalengka ngaroris harga sembako di pasar Ciborelang, Jatiwangi.
Dandim 0617 Majalengka ngaroris harga sembako di pasar Ciborelang, Jatiwangi. /Ayank/galura.co.id

GALURA.CO.ID - Dandim 0617/Majalengka Letkol Inf Dudy Pilianto, S.Pd., M.I.P., ngalaksanakeun giat Monitoring Pemantauan Harga Sembako di Pasar Ciborelang, Kecamatan Jatiwangi, Kabupaten Majalengka, Rebo (28/2/2024).

Dandim nyebutkeun ku sidak sacara langsung turun ka lapangan dipiharep bisa jadi metode keur mastikeun harga kabutuhan pangan jeung ngumpulkeun informasi akurat.

Letkol Inf Dudy Pilianto, S.Pd., M.I.P., nyebutkeun, ku ngecek tur komunikasi langsung jeung sakumna padagang, bakal bisa meunang informasi akurat ngeunaan harga sembako khususna beas di Pasar Tradisional Ciborelang.

Baca Juga: Ketir, Rebuan Warga Pasedek-sedek Meuli Bèas nu Sakilona Rp10.300 dina Gerakan Pangan Murah Pemkab Bandung

"Pemkab Majalengka bade ngagelar Operasi Pasar Beras Murah atanapi Gerakan Pangan Murah (GPM), ieu tarekah Pemkab Majalengka dina ngadalian inflasi harga beas," ceuk Dandim 0617 Majalengka.

Letkol Inf Dudy Pilianto nyebutkeun Operasi Pasar Beras Murah  lengkah nyata Pemkab Majalengka dina ngintervensi harga pasar sajeroning geunjleungna harga beas di pasaran saperti ayeuna.

"GPM nyayogikeun beas kualitas medium sakilona Rp 10.400 diical dina kemasan lima kilogram, pangaosna Rp 52 rebu," ceuk Dandim.

Keur masarakat Kabupaten Majalengka anu hayang balanja bahan  poko datang langsung ka lokasi GPM dina waktu anu tos ditangtukeun.*** Ayank R Sambara

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah