Mièling  Isra’ Mi’raj, Bupati Bandung Ngabagi Sembako ka Rewuan  Guru Ngaji

- 12 Februari 2024, 08:44 WIB
GURU ngaji di Kabupaten Bandung meunang bantuan Sembako ti Bupati Bandung, Dadang Supriatna.*
GURU ngaji di Kabupaten Bandung meunang bantuan Sembako ti Bupati Bandung, Dadang Supriatna.* /Sopandi/galura.co.id

 

 

GALURA.Co.ID -Bupati Bandung, Dadang Supriatna, nandeskeun  komitmenna  pikeun  ngamulyakeun para guru ngaji ku ngaluarkeun dana insentif saban bulan. Ti munggaran mangsa jabatanana tug tepi ka  danget ieu    Dadang Supriatna geus ngaimplementasikeun program-programna kalayan  konsisten.

Kituna ditepikeun Dadang Supriatna waktu masrahkeun bantuan sembako  sacara simbolis keur para guru ngaji di Kecamatan Bojongsoang, Kabupaten Bandung, Juma'ah, 09 Pebruari 2024. Paket sembako nu dibagikeun ka 15.666 guru ngaji di Kabupaten Bandung bareng   jeung mièling Isra’ Mi’raj.

Ceuk Bupati Bandung, ieu kagiatan teu ukur jadi momentum  pikeun ngabantu  guru ngaji nu  geus aub kana hal  penting dina nyumebarkeun èlmu  agama,  tapi ogè minangka wujud  pamarèntah malire jeung merhatikeun ka  guru ngaji. Guru ngaji teh penting pisan dina syiar agama Islam.

Baca Juga: Ku Besti, Suci Riksa Amalia, Siswa SMA Muhammadiyah II Majalaya Kabupaten Bandung Asup UIN SGD kalayan Gratis

“Hatur nuhun  ka Bapa Ibu guru ngaji sakumna, upami teu aya para guru ngaji  simkuring  ham-ham warga Kabupaten Bandung bakal tiasa  ngaos  Al-Quran,” ceuk Dadang Supriatna.  Inyana nepikeun kahariwangna  kana  degradasi moral. Tina kituna  guru ngaji  kacida penting  pikeun nyinglar  hal-hal nu teu dipiharep.

“Ieu program (intensif keur guru ngaji di Kabupaten Bandung nu ditarima mayeng ngocor unggal bulan) salasawios  tarèkah  kanggo ngajagi  karakteristik sareng  ahlak  boh umumna masarakat Kabupaten Bandung, boh hususna entragan ngora,” ceuk Dadang Supriatna.

Kepala Dinas Ketahanan Pangan dan Perikanan (Dispakan) Kabupaten Bandung, Ina Dewi Kania, nambahkeun  babagi  sembako ogè pikeun ngabantu  ngadalikeun harga bahan pangan, hususna bèas, tur nyengker  inflasi di Kabupaten Bandung.

“Ieu program tos janten  prioritas pamarèntah Kabupaten Bandung nu  teu  mung jangji Bupati, tapi ogè wujud perhatosan pamarèntah dina ngamulyakeun ulama,”  ceuk  Ina.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x