GALURA.CO.ID -Revisi Undang-undang ngeunaan parobahan kadua Undang-Undang Nomor 6 Taun 2014 ngeunaan desa rèngsè dina rapat antara Badan Legislasi DPR RI jeung Mendagri, Tito Karnavian, sawatara waktu kaliwat.
Bupati Bandung, Dadang Supriatna, ngaku ngarasa bungah. Ceuk ieu Ketua DPC PKB Kabupaten Bandung teh UU Desa nu diperjuangkeun Fraksi PKB iber pikabungaheun pikeun para kepala desa, hususna soal alokasi dana desa (ADD) jeung alokasi dana perimbangan desa (ADPD) nu bakal ditransfer langsung ka rekening desa.
Bupati nyebutkeun, mekanisme transfer langsung bongbolongan tina remen kajadian elatna gaji atawa siltap boh para kepala desa boh perangkat desa.
Baca Juga: Diduga Ngajual Miras, Dua Awewe di Kuningan Diamankeun Pulisi
"Waktos nguping iber dibahasna Undang-Undang Desa, Ketua Fraksi PKB DPR RI, langsung nelpon, sakumna anggota wajib hadir kanggo ngarèngsèkeun UU Desa," ceuk Dadang Supriatna, Rebo, 7 Pebruari 2024.
Ceuk Dadang Supriatna, ti awal mula Fraksi PKB ngarojong pamarèntah pikeun nyawalakeun revisi UU Desa. PKB nganggap UU Desa mèrè kakuatan kana sistem pamarèntahan desa pikeun mèrè pangladèn nu maksimal ka masarakat desa. Komo deui mun seug dana desana ditingkatkeun.
PKB, ceuk Dadang Supriatna, jadi partey politik nu pangheulana merjuangkeun aspirasi sakabeh organisasi nu ngagabung dina Kepala Desa Indonesia Bersatu (KIB) nu nu ngawengku ti Asosiasi Perangkat Desa Indonesia (Apdesi), Persatuan Perangkat Desa Indonesia (PPDI), katut Asosiasi Badan Permusyawaratan Desa Nasional (Abpednas).
Iwal ti kitu, salasahiji poin penting nu disaluyuan dina UU Desa: ngeunaan mangsa jabatan kepala desa. Ceu Bupati Dadang, ku ayana revisi UU Desa mangsa jabatan kepala desa jadi 8 taun tur maksimal 2 periode.
"Mun periodesasi jabatan langkung panjang, akselerasi pangwangunan tiasa dilakukeun kalayan dukungan stabilitas masarakat," ceuk Bupati Bandung.*** Sopandi.