Diduga Ngajual Miras, Dua Awewe di Kuningan Diamankeun Pulisi

- 7 Februari 2024, 17:19 WIB
Pulisi manggihan miras di kos-kosan
Pulisi manggihan miras di kos-kosan /DOK Polres Kuningan/

GALURA- Dua awewe di wewengkon Kabupaten Kuningan, diamankan ku pulisi Satuan Reserse Narkoba Polres Kuningan, lantaran katohian ngampihan minuman keras (miras) di kos-kosan elewek Desa Kalapagunung, Kecamatan Kramatmulya, anyar-anyar ieu. 

Eta dua awewe teh inisial SW (22) urang wewengkon Kecamatan Kramatmulya jeung IS (42) urang Kecamatan Cigandamekar, ngontrak kos-kosan beda kamar. Pulisi ngaduga SW jeung IS ngajual miras.

Kapolres Kuningan AKBP Willy Andrian, ngaliwatan Kasat Narkoba AKP Udiyanto, nyebutkeun pihakna manggihan 100 botol miras jenis ciu jeung 38 botol miras anu miboga merek anu tangtu.

Kapangggihna eta miras teh, ceuk Udiyanto, basa pihakna ngayakeun operasi miras, anyar-anyar ieu. Samemehna, pulisi nampa beja yen eta dua awewe teh sok ngajual miiras.

Ku sabab kitu, ngayakeun operasi pikeun nyinglar sumebarna miras di Kuningan.

“Operasi anu sarua baris terus digederkeun kanggo nyiptakeun katengtreman masarakat tina sumebarna miras,” ceuk Udiyanto.***

Editor: Ajun Mahrudin


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x