Rewuan Seniman jeung Budayawan Meunang Bantuan Pangan ti Bupati Bandung

- 11 Februari 2024, 07:00 WIB
Bupati Bandung jeung Dadan Sunadar Sunarya, seniman di Kabupaten Bandung meunang bantuan sembao.
Bupati Bandung jeung Dadan Sunadar Sunarya, seniman di Kabupaten Bandung meunang bantuan sembao. /Sopandi/galura.co.id

 

GALURA.CO.ID -Lobana 15.000 seniman jeung budayawan Kabupaten Bandung meunang bantuan pangan ti Bupati Bandung, Dadang Supriatna.

Sacara simbolis bantuan sembako  dipasrahkeun Dadang Supriatna di Padepokan Giri Harja, Kelurahan Jelekong Kecamatan Baleendah Kabupaten Bandung, Saptu, 10 Pebruasi 2024 burit.

Dina acara simbolis hadir Kepala Dinas Ketahanan Pangan dan Perikanan Kabupaten Bandung Ina Dewi Kania, Kepala Dinas Kebudayaan dan Pariwisata Kabupaten Bandung Wawan A. Ridwan, Kepala Dinas Lingkungan Hidup Kabupaten Bandung Asep Kusumah tur Camat Baleendah, Eef Syarif Hidayatullah.

Baca Juga: Sanggeus Diproes 20 Taun, Fasos - Fasum BSI jeung Baleendah Permai Dipasrahkeun ka Pemkab Bandung

Dalang Dadan Sunandar Sunarya, para seniman jeung budayawan sèjènna ngabagèakeun pamasrahan bahan pangan ti Bupati Bandung nu kaduakalina ieu.

Dadang Supriatna nyebutkeun, dina tahun 2023 ti heula, inflasi Kabupaten Bandung stabil 2,3 persen sahandapeun provinsi 5,3 persen, tina kituna Kabupaten Bandung narima insentif kinerja Rp 26 milyar ti pamaerèntah pusat.

Ku harga bèas di pasar sakilona tepi ka Rp 16.000, Bupati Bandung miharep bantuan sembako  bisa ngurangan kabeungbeurat masarakat.

"Upami aya kènèh warga nu rawan pangan, ènggal wartoskeun ka camat. Engkè ku simkuring dibantosn ," ceuk Bupati Bandung.

Baca Juga: Panwaslu Kudu Tuhu Kana Waktu, Pengkuh Ngalakonan Pancen Pangawasan Pemilu

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah