LPK Sekai Mustika Agustus Taun Ayeuna Miangkeun B 32 nu Magang ka Jepang

- 10 Februari 2024, 09:23 WIB
Siswa LPK Sekai Mustika, Rancaekek, Kabupaten Bandung nu bakal magang di  Jepang.
Siswa LPK Sekai Mustika, Rancaekek, Kabupaten Bandung nu bakal magang di Jepang. /Sopandi/galura.co.id

 

GALURA.CO.ID  -Lobana 32 urang nu geus lulus wawancara magang di LPK Sekai Mustika Rancaekek Kabupaten Bandung, bakal dimiangkeun ka Jepang bulan Agustus taun 2024 ayeuna.

CEO LPK Sekai Mustika, Indra Mustika nètèlakeun, wawancara magang diayakeun tanggal 4 -5 Pebruari 2024 di Aula Hotel Mercure Pantai Indah Kapuk.

Ceuk Indra Mustika,  tina 90 pamilon nu diwawancara ku user nu lolos 24 awèwè jeung 8 lalaki.

Baca Juga: SMA Pasundan 7 Kota Bandung jeung SMA Pasundan 3 Kota Cimahi, Sakola Unggulan jeung Nyiptakeun Atlit Petingan

LPK Sekai Mustika tèh , ceuk Indra Sending, Organization atawa Lembaga Pengirim Pemagangan ka Jepang. Saprak diadegkeun 2019 loba miangkeun nu magang ka Jepang.

Pausahaan nu narimana: Mekyu Co.,Ltd., hiji pausahaan di widang pangolahan kadahareun di Prefektur Aichi, Jepang.

“LPK badè teras ningkatkeun jumlah wawancara dugi ka langkung seueur siswa LPK Sekai Mustika nu tiasa angkat ka Jepang,” ceuk Indra di rohang gawèna, Juma’ah, 9 Pebruari 2924. *** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x