Welasan Sakola Kacaahan Balukar Tembok Panahan Cai Walungan Cigedè Dayeuhkolot Jebol

- 12 Januari 2024, 14:44 WIB
Banjir di Dayeuhkolot Kabupaten Bandung, welasan sakola kakeueum.
Banjir di Dayeuhkolot Kabupaten Bandung, welasan sakola kakeueum. /Sopandi/galura.co.id

 

GALURA.CO.ID -Welasan sakola di Kecamatan Dayeuhkolot, Kabupaten Bandung, kacaahan balukar tèmbok penahan cai Walungan Cigedelè di Lembur Pasigaran, Desa Citeureup, Kecamatan Dayeuhkolot, jebol, teu kuateun nadah cai satutas hujan ayer-ayeran ti beurang kènèh, Kemis 11 Januari 2024 burit.

Kasi Sapras Disdik Kabupaten Bandung, H. Setiawan, S.Pd., M.Pd, saat ditemui Jumat (12/1/2024), menyebutkan belasan sekolah yang terdampak banjir di wilayah Kecamatan Dayeuhkolot di antaranya SDN Dayeuhkolot 1, 2, 3 jeung 4, SDN Leuwi Bandung 1, 2 jeung 3, SDN Dayeuhkolot 8, 11, 12 jeung 13, katut SDN Bojongasih.

“Kacindekan  sakola nu keuna balukar caah masih kèbèh ngantosan laporan ti lapangan. Dinten ieu tos aya nu ka lokasi kanggo ngadata sakola mana waè,,” ceuk Setiawan.

Baca Juga: Caleg DPRD Kabupaten Bandung, Dariel Fadhlilah Umajak ka Nonoman Sangkan Teu Apatis kana Politik

Caah kamari ceuk Setiawan luhur cai ti 1,5 meter epi ka aya nu sasuhunan. Ku kituna sawatara waktu Kegiatan Belajar Mengajar (KBM) dilaksanakeun di imah sèwang-sèwang atawa di imah tatanggana nu aman.

Kepala Bidang Perizinan PAUD Disdik Kabupaten Bandung, H. Eman Sulaeman, nètèlakeun balukar caah nu tumiba di Kecamatan Dayeuhkolot loba ogè gedong PAUD nu kakeuemt.

Pihakna ogè ceuk Eman masih nungguan data ti lapangan sabraha cindekna wangunan PAUD jeung Kober nu keuna balukar caah.*** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x