Anggota F PDIP Kabupaten Bandung, H. Dadan Konjala, SH: Ulah Kajongjonan ku Leubeut Pangajèn

- 11 Januari 2024, 07:00 WIB
anggota Komisi B DPRD Kabupaten Bandung, H. Dadan Konjala, SH.
anggota Komisi B DPRD Kabupaten Bandung, H. Dadan Konjala, SH. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Kabupaten Bandung mungkas taun 2023 ku dileler pangajèn tepi ka 247 boh nasional boh regional. Kana pengajèn nu dihontal ieu, anggota Komisi B DPRD Kabupaten Bandung, H. Dadan Konjala, SH ngaku ngarasa reueus.

Ngan, ieu calon legislatif DPRD Provinsi Jawa Barat ti PDIP teh ngageuing sangkan ulah kajongjonan ku pangajèn nu sakitu leubeutna.

"Tingal kana pangwangunan di masarakat. Upami dititènan, pangwangunan salami ieu teu acan walatra. Prestasi enya, simkuring ngaraos reueus. Tapi ka handap masih domplang, kedah aya panyuluan sareng naon nu parantos lahontal, " ceuk Dadan Konjala, Rebo 10 Januari 2024.

Baca Juga: PAC PDIP Margahayu Ngariakeun Milangkalana ka 51 ku Silaturahmi jeung Konsolidasi

Ceuk Abah Deka, kitu nenehna Dadan Konjala, lintas kawenangan ogè jadi halang harungan pangwangunan di daerah. Abah nyontokeun nu lain kawenangan Kabupaten Bandung tapi balukarna ka masarakat Kabupaten Bandumg.

"Ku margi kitu, simkuring nyalonkeun anggota legislatif DPRD Propinsi Jawa Barat sanès mung nyalonkeun, tapi hoyong aya mangpaatna kanggo masarakat nu langkung lega," ceuk Abah Deka.

Di Dapil 2 wè heula, ceuk Dadan Konjala, tepi ka ayeuna Jalan Dengdek nu langganan banjir alatan mudalna cai walungan Cikhayangan, can rèngsè tepi ka ayeuna.

"Tos dianggarkan ti taun 2022, tapi dugi ka ayeuna teu acan aya normalisasi," pokna.*** Sopandi

 

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah